Kang Ndoel, si kuring sapuk pisan upama dina HBH engke Kusnet maparinan pangleler (penghargaan) ka seniman atawa budayawan. Anu kumaha kriteriana? Lebah dieu si kuring sapuk jeung usulan MH. Jadi, model penghargaan ti Kusnet mah lain pikeun seniman atawa budayawan anu tos moyan, tapi seniman atawa budayawan anu "justru" can moyan atawa can dipikawanoh bari jeung tetep ageung jasana.
 
Usulan Mh pas pisan. Kusabab HBH-na diayakeun di Garut, jadi pangleler teh keur seniman/budayawan - kalawan kriteria saperti tadi - urang atawa anu dumuk di Garut. Paling-paling lamun arek dilegaan, tambahan ku senimanna (lain ukur budayawan kuncen atawa juru piara naskah). Lamun teu salah, di Garut aya sababaraha kasenian anu geus ampir ilang atawa langka, diantarana kasenian "Surak Ibra". Tah, sakalian bari nanggap Surak Ibra (made in Garut hehehe), dina waktu anu sarua para patandang anggota group Surak Ibra eta dileler hadiah babarengan sareng juru kunci/juru piasa naskah kuno atawa cagar budaya di Garut.
 
Sakitu wae, pareng aya manfaatna.
 
baktos,
manAR

 
On 8/15/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Oman oge baraya Kusnet sadayana...
Pakait sareng patarosan Uwa Apih oge postingan Mang Oman,
Dina mangsana HBH Kusnet engke, satadina mah bade ngayakeun
Pasanggiri Pupuh tea keur barudak SD/SMP. Namung, nimbang-nimbang
sagala rupina, janten eta acara teh dibedo-keun. Banting setir kana
acara cadangan nyaeta bade masihan penghargaan keur seniman/
budayawan sunda buhun anu seueur jasana kana kasenian/budaya sunda.

Tah...Bilih aya baraya anu gaduh info atanapi referensi kinten2na
saha anu pantes / cocog dipasihan "Kusnet Award" mangga diantos
pisan. Pami tiasa mah sareng data, alamatna lengkap.
Punten we, rada miwarang. heu..heu..
Plis..

Sanes kitu ? (Bari ngareret ka Uwa Apih)


-dul-
tukangteuing



--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Haturan apih,
> Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor
Unpad tea)
> sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu
anu si
> kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas).
Judulna:  "Deskripsi
> Kesenian Jawa Barat". Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis
nawisan
> ka anu hoyong gaduh eta buku + cd kasenian Sunda kantun ngontak ka
Unpad
> (neng Siti atanapi teh Ane di Unpad tiasa ngabantosan).
>
> Tina daftar eusi eta buku, aya 34 jenis kelompok kasenian Sunda,
ti mimiti
> seni musik, tari, drama/pertunjukan, wayang, jst. Tina anu 34 teh,
langkung
> ti satengahna sigana kaasup tos langka. Geura wae sajabi anu
ditataan ku
> apih:
> 1. Burokan
> 2. Bengberokan
> 3. Kuda Renggong
> 4. Surak Ibra
> 5. Memeniran (Badawang)
> 6. Goong Renteng
> 7. Tarawangsa
> 8. Terbang Buhun
> 9. Gamelan Sakati
> 10. Sintren
> 12. Topeng Cirebon
> 13. Wayang Cepak
> 14. Wayang Kulit Indramayu
> 15. Wayang Kulit Bekasi
> 16. Topeng Banjet Karawang
> 17. Uyeg
> 18. Ronggeng Gunung
> 19. Pantun Sunda
>
> Cekap sakitu wae. Nu sanesna mah kaetang masih mindeng
kapintonkeun.
> Salengkepna, mangga tiasa nyuhunkeun eta buku + cd-na, haratis.
>
> baktos,
> manAR
>
>
> On 8/15/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >  Cing para wargi....pangnambihankeun upami aya anu kalangkung,
> > pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung..
> > Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos
ampir teu
> > aya dikieuna ;
> > 1. Beluk
> > 2. Wayang Beber
> > 3. Pantun
> > 4. Wayang Catur
> > 5. Longser
> > 6. Laes/lais
> > 7. Benjang
> > 8. Gondang
> >
> > naon deuinya....??
> >
> > ssw
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > http://cikundul3.multiply.com
> > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
> >
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke