Kang Nata,
 
Tokoh "Pangeran Papak" bisa jadi nasibna sarua jeung tokoh "Kean Santang" atawa tokoh Sunda sejenna ti antara abad 15 - 17 M anu poekeun. Keur rumaja, si kuring kungsi didongengan ku kolot ngeunaan "kasaktian"2 Pangeran Papak. Kaasup katiasana dina bab tilem. Ngan nyakitu, dina alam nyata, teu saeutik dongeng kasaktian ngeunaan hiji tokoh - saperti wacana harta karun Pajajaran jeung tilemna Prabu Siliwangi, dijadikeun alat keur usaha atawa panipuan. "Dongeng " ngeunaan Pangeran Papak cukup populer di lembur si kuring, kaasup kasaktian-kasaktianana.
 
Basa meunang dongeng ti kolot, kabehdieunakeun, anu nyaritakeun hiji tatangga kolot di lembur kungsi ngabejaan yen aya anu ngaku-ngaku inyana Pangeran Papak nganjang ka imah kolot - nalika kolot kuring duanana keur teu nyarampak di bumi, harita si kuring keur leutik keneh pisan - si kuring nyangka yen eta anu datang teh anu rek nipu. Wallohu'alam, nepi ka ayeuna oge teu kungsi kadatangan ku anu ngaran Pangeran Papak.
 
Kang Nata, si kuring percaya, aya tokoh di urang kapungkur anu kenging gelar salaku "Pangeran Papak". Ngan saha saleresna anjeunna, si kuring sami sareng salira, weleh poekeun. Aya informasi hawar-hawar anu katarima tea mah, yen anjeunna teh salah sahiji wali anu aya di daerah Garut.  Namung duka wali ti entragan atawa angkatan anu mana? Naha saangkatan Kean Santang atawa saangkatan Syekh Abdul Muhyi di Pamijahan?
 
Pangeran Papak, na saha atuh salira teh? Numutkeun abah Surya, anjeunna teh taya lian ti R. Wangsa Muhammad, sakumaha dina "wangsit" anu judulna "Wangsit ti Pangeran Papak" di handap ieu (  http://www.sundanet.com/artikel.php?id=81) :
 
 

Wangsit ti Pangeran Papak (R. Wangsa Muhammad)

Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.

  • Rumaksa ing jagat kabeh,
    rumaksa ing kujur diri,
    rumaksa taya petotna,
    saking ati nu berbudi,
    perceka ngagarap rasa,
    nu nitis ti alam suci.

  • Sujud tilu kana tilu,
    opatna sahabat mami,
    kalima pancering awak,
    tujuh nema dina wujud,
    salapan dadasar raga,
    sawelas pungkasan diri.

  • Puguh nuhun kudu kitu,
    da eta jalaning suci,
    kudu sabar ku cocoba,
    kapan geus pasti geus jangji,
    ulah luncat ti subaya,
    wayahna peurih saeutik.

  • Upama hirup geus wujud,
    bakal karasa ku yakin,
    aya teh dina teu aya,
    teu aya teh dina saksi,
    nyaksi yen ukur teu daya,
    kumambang ka kersa Gusti.

  • Rum arum sadarum jati,
    jati jatining kang suci,
    kapan aya papay raratan,
    raratan wincikan lahir,
    gumelar geus ti baheula,
    di dunya ukur arulin.

  • Muga estu ka satuhu,
    ulah ngijing sembah salah,
    tuluyna ruksak rohaka,
    jadi jejerih ku bukti,
    sagala sieun ku boa,
    nuturkeun rungsing berewit.

  • Kum, Ahum Wali Yang Agung,
    Bis - Mim Waliyul diri,
    Lam, Alip dina mamaras,
    mangka buka mangka yakin,
    da eta jejeran gelar,
    tuturkeuneun nu perwinci.

  • Opat teh sada awalna,
    lima teh sada ahirna,
    ayana di la illaha,
    nema dina illalohu,
    anjogna waliyulloh nu hakiki.

  • Sumujud tuhu ka estu,
    sumujud yakin hakiki,
    sumembah di ka-Allah-an,
    sumungkem di kahayatan,
    insan sumujud ka insan,
    Gusti sumujud ka Alloh.

  • Mim, Dal, Mim, Nun.

    Keur hidep:
    iup bayu tiup rahayu,
    angin leutik ti Lohmahfud,
    jaregjeg raga sukmana,
    cageur bageur hirup-hurip,
    bray caang, bral geura miang,
    sanghareupan nu hakiki.

  • Kitu kuduna nu hirup,
    mapay ka raratan diri,
    ti mana mulang ka mana,
    ti mendi balik ngajadi,
    mun mulang rebo bawana,
    balik ngahariring leutik.

  • Turungtung tepi ka puhu,
    paralak ku raga suka,
    ditabeuh pinuh kadeudeuh,
    Allohu - Allohu kula rek datang,
    dalitkeun dina hakekat,
    hayang nyurup puhu tungtung
Cag.
baktosna,
manAR
 
On 8/17/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehe..........leres pisan kang, Insya Allah awal januari sim kuring aya di
lembur, sareng sanes mung ka Cinunuk hungkul anu bade di anjangan teh
namun ka unggal juru anu aya manfa'at na insya Allah di dongkapan , komo
upami aya acara kopdaran mah sadayana baraya di Kusnet ieu, insya Allah
di nomor hiji keun nga hadiran nana, hoyong tepang kalayan silaturrahmi
sareng baraya Kusnet sadayana anu aya di lembur, mung ieu mah sapedah weh
tepang sareng hiji istri anu nuju di Singapore , ku sim kuring anjeuna di
anggap teteh, kaleresan saurna anjeuna aya teureuh ti Mahmud sareng pangeran
Papak, janten Nata teh hoyong terang dimana ngawitan kontak na antawis sim
kuring sareng anjeuna.
Hatur nuhun pisan kang informasi na, ka angge pisan.

Wassalam

Nata

----- Original Message -----
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, August 17, 2006 8:51 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Neda pitulung


> Wassalamualaikum Wr.Wb.
>
> Kang Nata, lain salira teh aya rencana mulang ka
> lembur. Informasi nu dipilarian ku salira, jigana
> langkung utama upama Akang angkat ka tempatna, nyaeta
> di Cinunuk Wanaraja Garut. Jigana masih aya keneh
> rundayanana.
>
> Salam,
> MH
>
> --- S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
>
>> Assalamu'alaikum wr wb
>>
>>      Ka sadayana baraya anu aya di Kusnet ieu,
>> manawi sareng manawi aya nu kersa ngabantos ka sim
>> kuring
>> anu nuju milarian sejarah "Pangerah Pak Pak " <--(
>> manawi teu lepat nyerat na ), abdi kantos nyobi
>> milarian ieu
>> teh di wikipedia, namung lebeng, duka kamana tah,
>> atuh mugia wae aya nu terang di suhunkeun ridho na
>> masihan
>> terang atanapi keresa ngintun sejarah artikel na ka
>> sim kuring ( [EMAIL PROTECTED] ) hatur nuhun
>> sateuacan na
>> mugia kasaean salira di bales ku Allah swt, amiin
>>
>>
>> Wassalam
>>
>> Nata
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke