Jaman taun geneppuluhan waktu koran Sipatahoenan medal
keneh, aya carita nyambung nu kacida endahna. 
Lalakon urang Cisayong,Tasik, di jaman revolusi
kalawan aya flash back ka jaman "normal". Pinterna
Kang Wahyu cumarita, nepi ka kacipta waasna daerah
Cisayong. Caritana kaasup kumplit, aya carita jaman
budak ololeho, aya rumaja nu ngageder sumanget
ngalawan walanda. Hanjakal harita caritana duka kumaha
jadi bantut, teu kungsi kabaca sambunganana. Duka aya
duka henteu. Nu kungsi kabaca nepi palebah si tokoh
rek milu hijrah ka Yogya bareng jeung Siliwangi.
Manawi aya nu rajin ngumpulkeun, Ua Sas sugan kagungan
? Atanapi Kang Wahyu ku anjeun, manawi kagungan naskah
aslina ?
Seja nambut kanggo dicopy, nuju ngumpulkeun karya Kang
 Wahyu sareng Kang Ayip. Tokoh-tokoh sastra Sunda anu
taya bandinganana.
Hatur timpah nuhun. Jazakumulloh khaerun katsiron.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke