Baraya sarerea,
Kamari si kuring sms-an jeung Kang "utun", kulawadetna (kulawarga deukeut) kuncen Kampung Naga. Dina salah sahiji sms-na, inyana (anjeunna) ngabejaan sakaligus talatah ka si kuring. Kieu beja jeung talatahna teh: "...mun pareng, ping 4 September nepi ka 11 September 2006 bade aya gerakan Sunda Gugat ti masyarakat Tatar Sunda. Neda dibewarakeun. Nuhun". Kulantaran sakitu, si kuring terus tatanya ka inyana, naon ari gerakan Sunda Gugat jeung saha-saha wae anu aya disatukangeunana?
Alhamdulillah tos aya jawaban kana eta pananya. Ngan, samemehna, si kuring seja maluruh heula ka dulur-dulur sarerea di milist, sugan aya nu engeuh perkara Sunda Gugat ieu? Tah engke informasi ngeunaan hal et ti dulur-dulur sarerea urang konfirmasikeun jeung walonan ti Kang Utun.
Mangga ka baraya sadaya, sugan aya anu terang perkara Sunda Gugat ieu dihaturanan nepikeun informasina. Ceuk beja mah rek lumayan rongkah ieu gerakan teh, ngan nitenan para pangdeudeulna, aya sari-sari seungit politik ieu kagiatan teh. Wallohu'alam.
baktos,
manAR
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

