Kutan kitu Kang? hatur nuhun infona. Sok sanaos kateranganana rada beda jeung sms ti dulur anu di Kabuyutan Kampung Naga (anjeunna nyaritakeun dina sms-na: moal ngiluan, saurna).
 
Tapi keun wae, sigana urang Bandungan wae. Ngan eta anu jadi kahelok teh judulna tea, "Sunda Gugat" anu aya sari-sari seungit "politik" (kitu soteh pedah tos aya kajadian "Karajaan Sunda" tea kamari-kamari ieu pangna si kuring rada alergi kana kekecapan model "gugat", jst). Tapi teu salah oge, lamun maksudna "gugat" teh gugat ka diri sorangan. Nya, sakumaha ceuk pimpina salah sahiji media gede di Jabar kamari, ""gugat" teh leuwih condong kana maksud: instropeksi diri.
 
Ka para wargi sadaya,
 
Upama sapuk, jejer ieu urang pungkas wae dugi ka dieu. Hatur nuhun.
 
baktos,
manAR
 
  

 
On 8/29/06, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sugan nyambung jeung beja ieu !
sumber: KORAN SUNDA

Gempungan di Gasibu September hareup "Sun da rek
nembongkeun sihung!"

BANDUNG (KS Piraku teu ngajelegur, tur rame pada
ngadeugdeug. Jumlah 20.000 jalma tea, ngumpul di hiji
tempat: Lapang Gasibu, Bandung. Acara kumpul ge-gedean,
tur dipiharep bisa nembongkeun sihung urang Sunda sarta
baris ngaweuhan kalawan manjang.
Kitu kira-kira gambaran acara puncak dina raraga
gem-pungan masarakat Sunda ...

..saterusna sok toong dina pail nangkodna

cag!

On Mon, 28 Aug 2006 09:14:50 +0700
"oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya sarerea,
>
> Kamari si kuring sms-an jeung Kang "utun", kulawadetna
>(kulawarga deukeut)
> kuncen Kampung Naga. Dina salah sahiji sms-na, inyana
>(anjeunna) ngabejaan
> sakaligus talatah ka si kuring. Kieu beja jeung
>talatahna teh: "...mun
> pareng, ping 4 September nepi ka 11 September 2006 bade
>aya gerakan Sunda
> Gugat ti masyarakat Tatar Sunda. Neda dibewarakeun.
>Nuhun". Kulantaran
> sakitu, si kuring terus tatanya ka inyana, naon ari
>gerakan Sunda Gugat
> jeung saha-saha wae anu aya disatukangeunana?
>
> Alhamdulillah tos aya jawaban kana eta pananya. Ngan,
>samemehna, si kuring
> seja maluruh heula ka dulur-dulur sarerea di milist,
>sugan aya nu
> engeuh perkara Sunda Gugat ieu? Tah engke informasi
>ngeunaan hal et ti
> dulur-dulur sarerea urang konfirmasikeun jeung walonan
>ti Kang Utun.
>
> Mangga ka baraya sadaya, sugan aya anu terang perkara
>Sunda Gugat ieu
> dihaturanan nepikeun informasina. Ceuk beja mah rek
>lumayan rongkah ieu
> gerakan teh, ngan nitenan para pangdeudeulna, aya
>sari-sari seungit politik
> ieu kagiatan teh. Wallohu'alam.
>
> baktos,
> manAR

========================================================================================
Semarakkan kemerdekaan RI ke 61 th dengan ikut bermain netkuis 17-an di
http://netkuis.telkom.net/17an/
Kumpulkan poin sebanyak-banyaknya. Dan siap-siap tunggu rejeki dari sponsor kami.

========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke