pa djoko, prof. dr. sudjoko, dosen kuring di senirupa itb, maot dina yuswa 78 taun. poe minggu kamari kuring milu nganteurkeun ka makam keluarga itb di sarijadi. salian ti urusan senirupa, oge anjeuna teh salah saurang nu milu mikiran bahasa indonesia. sanajan s2na di chicago, s3 di ohio, tapi ari soal bahasa mah, sok ngupayakeun neangan basa daerah pikeun diasupkeun ka basa nasional pikeun ngaganti basa inggris. ceuk urang ffb kamari di makamna, nu sukses teh diantara istilah film laga pikeun ngaganti film action.
tragisna, jasadna kareh kanyaohan geus opat poe, ku raina nu nyimpang ka bumina di arcamanik bdg.
pa djoko dosen kolot pisan. dewana dewa ceuk babaturan mah. anjeuna ngabujang nepi ka ahir hayatna. lahir jeung maot di bandung, kungsi lila jadi pupuhu forum film bandung. baheula mah kolomnis di tempo oge kompas.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

