Memang aya terbitan ilmiah (kuring poho deui naon) anu ngajelaskeun yen tata bahasa teh aya pangaruhna kana pola pikir jalma anu make bahasa eta.

Urang sunda ayeuna katinggaleun, meureun lantaran bahasa anu dipakena sederhana teuing. anu ngakibatkeun otak na oge teu biasa dipake mikir anu hararese.
(legleg tah urang sunda he..he..he..)

ngan dumasar kana hasil ilmiah diluhur. kumaha lamun ngalatih otakna teh ku bahasa lain.

misalna,
urang loba maca buku-buku bahasa ingris, atawa bahasa sejenna.
sahingga  urang biasa make pola pikir bangsa-bangsa anu maraju.

sanggeus ngarti, usahakeun tuliskeun deui make bahasa sunda, sahingga jalma loba anu can bisa bahasa ingris, bisa ngarti jeung saeutik-saeutik jeung nurutan pola pikir bangsa maraju.

jadi ayeuna mah teu  kudu musingkeun "alat".
rek basa lemes, rek basa loma.
teu nanaon, kaci wae.

Anu leuwih penting mah, eusi  pamikiran anu ditepikeun ku urang.


Ayeuna mah geus lain jaman FEODAL.
titel RADEN teh teu payu, paling ngan saukur boga tanah warisan hungkul.

Urang ge ulah ngawaris gaya hirup Feodal, anu maehan pamikiran jeung budi daya manusa.


***Don't judge book from it's cover




On 8/28/06, endang djalu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saupamina leres yen basa Sunda lemes atanapi undak usuk basa Sunda teh bibit buitna ti basa Jawa, nanging danget ieu mah tos janten basa Sunda, nya rupina kedah we dianggo.
1. Jalaran sok sanaos lentongna lemes nanging basa nu di anggo kasar tangtos kana manah urang bakal "mentegeg", contona wae putra urang nyarios kieu "Pa, ieu sangu dahar weh ku bapa uingmah geus seubeuh".
 
2. Upami teu lepat aya basa Sunda lemes nu di anggo kanggo jalmi seueur ( "Kelompok" ), contona tuang janten taruang; calik janten caralik jrrd. 
 
3. Kitu deui saupamina basa Sunda di reumbeuy ku basa Indonesia ( saur sepuh mah basa Malayu ) sapertos dina seratan saderek nettafahad, tangtos dina maos na teh kirang sreg, mung punten sanes bade nyawad seratan saderek nettafahad, ku wantunna na nyerat oge pribados ngangkat jempol duanana.
 
Punten saupamina seratan pribados seueur kakirangan nana  
 
Wassalam
 



__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke