Waktu balik ti Bali, kuring liwat ka Pantura deui. Saentasna ngaliwat jalan tol Semarang, ujug-ujug aya sirine ngaheong, teu kungsi lila, aya mobil pulisi nyuruntul, nitah kendaraan sejen sina nyingray, nyisi. Supir kuring, Pa Timan, rada bedegong, keukeuh rada nengah. Ceuk kuring teh :"Kasisikeun heula Pa Timan .... eta pulisi, bisi ngawal gegeden!"
Si Pa Timan nempo spion, nempo katukang, "Ah .....sanes gegeden, ngawal rombongan Moge", cenah, bari terus nyisikeun mobil. Burudul teh rombongan "Motor Gede", nu sok direngkes jadi "Moge", nyusul. Aya meureun kana tilu-puluh motor mah. Aya Harley Davidson, aya motor Jepang nu cc na leuwih ti 500 cc. Ting durudud garagah. Kang Toni ngomong, "Wah rombongan motor wae kudu dikawal". "Hih", ceuk kuring teh, "Eta nu tarumpak moge teh lain jalma samanea, urang Jakarta nu lubak-libuk harta. Keur arulin meureun pedah libur 5 poe. Eta motor teh hargana ratusan juta, hargana alahbatan mobil" "Kutan kitu?", ceuk dulur kuring teh, maklum manehna teu apal, aya harga motor mahalna ngaliwatan harga mobil. "Ceuk dina koran mah, nu tumpak moge teh sok baredegong cenah, sok hayang diheulakeun. Kungsi aya wartos dosen IPB dicabokan ku nu tumpak Moge, gara-gara mobilna ngahalangan moge". "Dasar nu baleunghar", ceuk Kang Toni teh, bari nempokeun motor pangakhirna anu nyusul mobil nu di tumpakan ku kuring. Geus Moge ngaraliwat, kuring saparakanca neruskeun deui perjalanan. Nyemprung ka kulonkeun. Teu karasa geus tepi ka Losari. Mampir heula ngadon reureuh di Rumah Makan Ma Tasik. Restoran teh tempat eureun beus peuting. Jadi ari Jam 4 sore mah, sepi euweuh nu dahar, ngan kuring wungkul saparakanca. Kuring oge ukur pesen kopi, teu dahar. Keur diuk we reureuh, di hareupen restoran aya mobil eureun terus parkir, mobil mewah, Toyota Land Cruisser, nu ngagugusur roda tambahan, diluhurna ditumpakeun Moge. Jrut supirna turun, awakna jangkung jeung gede, beungeutna rada serem, kacirina mah urang Indonesia wetan. Panumpangna oge turun, awakna jangkung tepi nyelengceng siga congcorang. Panumpang ieu, turun bari mamawa kertas, sigana mah Peta. Nu nyupiran kaciri dodongkoan mariksa Moge anu digusur, ari si "congcorang" mah leumpang kaditu-kadieu, bari sirahna tungkul nempo peta, kaciri beungeutna siga nu bingung. Teu kungsi lila, eta jalma nu duaan teh asup ka restoran, gek dariuk, deukeut meja kuring. Si Pa Timan, jalma someah, maklum supir mobil rental, nanya : " Mogenya mogok Pak? kok tidak dinaikkin?" Jalma nu duaan teh ngararieuk. Nu awakna badag mah, ngalieuk tapi teu seuri-seuri acan, rada sombong sigana mah. Si bapa nu awakna "nyelengceng" mah seuri, manggut ka ka kuring, terus ngajawab : " Kami dari Bali Pak. Yang naik Moge ini cuma dari Jakarta ke Bali, pulangnya naik Pesawat. Saya hanya menyukseskan kegiatan ini" Kuring manggut deui, bari nyebut yen kuring oge ti Bali. Kulantaran euweuh piomongeun deui, kuring teu nuluykeun obrolan, mending nyuruput kopi. Eta jalma nu duaan teh maruka peta nu tadi dikeukeuweuk. Terus padungdengan, teuing naon nu keur diomongkeun. Padungdenganana katingalina mah rame, da silih tunjuk kana peta. Si Congcorang tungtungna nanya ka kuring, "Pak ini daerah apa?" "Losari Cirebon", ceuk kuring teh. "Di peta ieu, dimana Losari teh?", cenah mari nempokeun peta Jawa ka kuring jeung curukna nunjuk palebah kota Kendal Semarang. "Ih lain didinya, tah didieu Losari mah", ceuk kuring teh bari cengkat, nangtung ngadeukeutan manehna. Euleuh geuning manehna teh mamawa Peta Jawa wedalan Singapura, katingali tulisanana ku Basa Inggris. Kuring nunjuk kira-kira Losari teh lebah mana. "Oh ....kalau begitu sudah dekat Cirebon, ada jalan Tol enggak Pak?" Kuring ngahuleng, ari Si Bapa, tara maca koran kitu, geus taunan di Cirebon teh aya jalan tol. "Aya, saparapat jam deui oge kapendak pintu tol", ceuk kuring teh Si Supir, nu awakna gede jeung jangkung, ti tatadi teu ngilu ngomong, ngan nempo we. Tapi ujug-ujug pok ngomong siga nu gumbira: Wah enak, kita seperempat jam lagi masuk tol, langsung Jakarta" Walah, ieu jelema kurang informasi pisan, jalan tol di Cirebon ukur ngurilingan kota Cirebon, ka Jakartakeun mah jalan biasa wae. Atuh ceuk kuring teh :" Henteu, engke kaluar ti Palimanan, tidinya mah jalan biasa deui, tingali we dina peta, tah ieu jalan tolna geus kitu mah putus di Palimanan, nyambung ka jalan biasa deui" Maranehna nempo peta, curukna tanjak-tunjuk, tapi nu ditunjuk jalan ka Bandung, lain jalan ka Jakarta. Ceuk kuring teh : Heh.....eta mah jalan ka Bandung, tah nu ieu yeuh ka Jakarta mah" Curukna nunjuk deui, clo ka kota Indramayu. Pokna teh : "Kita lewat Indramayu, yah ....." "Teu kudu", ceuk kuring teh, "eta mah jadi nguriling, ka Jatibarang we, langsung nuju ka Pamanukan, Cikampek" Sakali deui maranehnna nempo peta, terus sing gerentes, "Jati barang, pamanukan", cenah, curukna tanjak-tunjuk kana peta, sigana mah heseeun neangan aran Jatibarang jeung Pamanukan. Kuring nu ngabandungan jadi hayang seuri, mamawa peta, tapi teu bisa macana. Tungtungna ceuk kuring teh : " Pak, lamun hese maca peta mah, tuturkeun we tuh beus nu ka Jakartakeun, moal burung tepi ka Jakarta" Maranehna ngaharuleng, tapi sigana lila-lila kahartieun. Kuring jadi panasaran, ari maranehna teh urang mana, tepi ka siga nu linglung kitu, teu pantes jeung dedeg pangadegna, nu jiga kaum "petualang" . Nya ku kuring ditanya : :" Ari Bapak darimana?" "Dari Jakarta!" "Tara ka luar kota? ....naha dugi ka linglung kieu?" "Oh .... sering, saya sering ke Bogor, Bandung naik mobil. Ke Semarang, Surabaya naek Pesawat, tidak pernah naik mobil", cenah. Waktu kuring geus dina mobil deui, kuring ngomong ka Pa Timan: "Awak gede siga petualang, batur nu nempo oge rada sieun, tapi soak sieun sasab di Losari, kawani mah ...... tetep aya di Pa Timan, nyupiran kaditu-kadieu teu memekel peta!" Pak Timan ukur nyerengeh ...... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

