Assalamu'alaikum Wr. Wb.

baraya Kusnet di mana waé ayana.
Dibéwarakeun, yén Kusnet Jakarta bade ngayakeun kopdar 
rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Minggu, ping 3 September 2006
Tabuh 10 enjing nepi ka leuleus
Tempatna di : 
bumina Teh Imas
Jl. Langsat No.10 - Mayestik 
Kebayoran Baru
Telp. 739-3652

Agénda acara :
- Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian...
- Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng
  Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2006

Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, 
sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos 
pisan kasumpinganana...

Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, Anu bade ngiringan, 
mangga ngacung atanapi konfirmasi ka Teh Imas : 0813 11396953 

Ka baraya anu kapeto janten panitia HBH, diantawisna :
Kang Ikmal, Kang Akos, Kang Tirta, Kang Irpan, Kang Bowie,
Kang Rachmat, Kang Kumi, Teh Tia, Teh Mia, Kang Runa, Kang 
Dudi, Kang Dadang, Kang Rezza, Teh Indri, Kang Dani Waluya, 
Kang Kamal, ogé nu sanésna wajib hadir, wayahna kedah 
ngusahakeun tiasa sumping.


Hatur nuhun,
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.


-Ndoell-
Tukang wawar





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke