Naluri Awewe? Wah, Cep Irpan, tong disakompet daunkeun atuh*da teu sadayana 
istri sapertos kituw*
Abdi ge teu nyangki ka Siti Nurhaliza, kirang naon atuh nya? sakitu geulis 
kawanti-wanti endah kabina-bina, beunghar, tenar, tara ngumbar aurat, pameget 
mana nu teu kabongroy*??? hanjakalna*ngarebut salaki batur.
Nya matak kitu ge moal kersa pami teu aya nu diarah mah*kayaning rupana, 
hartana, tahta/pangkatna, agamana (asa langki nu ieu mah). Tos kabulen kunu 
kitu mah EGP ka anak pamajikan batur*."Sikkkkkkaaaaaaatttt*men!" Teu ngaragap 
hate sorangan, kumaha mun manehna dikitu-kitu ku batur?

Tangtos terang ka Uli Artha? Artis senior nu tos kawilang sepuh yuswana, mung 
masih nyorangan bae. Sanaos dangdanan siga ABG, tapi anjeuna gaduh prinsip nu 
kiat, kantos diwawancara ku salah sahiji stasion TiPi swasta, 
saurna,"Keheulaanan kudu ngarebut salaki batur mah*." Pami kongang mah dua 
indung panangan sareng sampeyan diacungkeun ka anjeuna.
Astagfirullah, jadi ngomongkeun batur nyaaa*.?! Bae ah, da bongan Cep Irpan 
mapanas*. :P

Sakapeungmah sok ngemut, naha Allah teh masihan widi ka istri nu sok ngarebut 
salaki batur, eta teh jalan jodo tea kitu? Tapi diemut-emut deui dina Surat 
Ar-Ra'd ayat 11 : Allah moal ngarobih nasib hiji jalmi pami anjeuna teu 
ngarobih kunyalira. Sagala rupi paripolah manusa dianteur kahoyongna ku Allah, 
tapi pasti aya akibatna. Kitu deui istri nu sok ngarebut salaki batur kedah 
kiat sareng tanggelwaler  dina sagala rupi masalah nu bakal dirandapan 
diantawisna :
-       Dijebian batur
-       Diseungseurikeun batur
-       Diomongkeun batur
-       Direreca batur
-       Dipikangewa batur srrd.  
Manguyuhankeun, saur balad dina Extravaganza tea mah,"Cape deeeehhhhhhh*." 
(bari ngusap tarang) heheh....

Hey, wadya balad istri (bari culang-cileung) kamarana yeuh! Kitu sanes? Cik 
atuh aruget geura*tong ngahephep wae, atawa sarapuk kitu yen istri teh tos 
tidituna resep ngarebut salaki batur?!

ro2
nujupakepuxtapihoyongmairan


>>> [EMAIL PROTECTED] 08/28/06 04:28PM >>>
Kuring mah teu ngarti,

Di urang Sophia Latjuba, kawin jeung salaki batur teh.
di Malaya, Siti Nurhaliza, sarua kawin jeung salaki batur.

Padahal nyaho eta lalaki teh boga pamajikan jeung boga anak.

Naha geus "Naluri Awewe" kitu, daek kawin jeung lalaki anu geus boga
pamajikan jeung anak?

Lamun enya eta teh "Naluri Awewe",
he..he..he...
he..he..he..
he..he..he..
he...he..he..
(Senyum penuh arti)

****Aku memang pecinta wanita...
tapi ku bukan buaya....

On 8/28/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke