Kang MH, punten pami aya info dihandap ieu lepat
dikoreksi.

Tatangga sabeulah imah kuring, kamari kakarek mulang
ti malaysia sabada 3 minggu ngalongokan bojona di
Kualalumpur (KL), dokter gigi anu dikontrak ku
pamarentah Malaysia.

Waktu ngobrol teh, bras kana perkara nikahna Neng Siti
Nurhaliza. Cenah, neng Siti Nurhaliza teh geuning
istri nu katilu "sang Datuk". Istri nu kaduana
"titirah" ka Ustrali. ari anakna anu ti istri kahiji
umurna geus 18 taun.(Para panganut feminis pasti teu
suka kana  kaputusan Neng Siti Nurhaliza. Tapi para
panganut poligami, surak rame pisan).

Geus aya sababaraha urang anu ngalamar Siti Nurhaliza,
aya pangusaha rekaman, lajang anu titelna S3, jrrd.
Tapi Neng Siti Nurhaliza nampik. Ceuk cenah 
warta/informasi di media  KL perkara istri katilu ieu
teu pati "terbuka".

Tapi pikeun kuring sabage lalaki, aya hal anu positif.
 Sigana pasipatan awewe, sok sanajan geus beken, lubak
libuk banda pakaya, dina milih salaki tetep wae
pilihan utama kana pasipatan hiji lalaki, tibatan
milih kaayaan fisik jeung dunya baranana.

Jadi..., ka para  lalaki  lajang (jeung nu tos
rarabi), masih aya kasempetan "moro" Dian
Sastrowardoyo, leupaskeun wae Neng Siti Nurhaliza anu
tos kenging kabagjaan janten istri katilu.
(punten heureuy ah..!)

baktos,

mrachmatrawyani

--- Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kapungkur upami teu lepat diacara trans tv showna
> neng siti anu lalajo teh
> loba pisan artis terus aya tanya jawab neng siti
> jeung penonton. Salah
> sahijina anu naros teh lalaki lamun teu salah krisna
> mukti duka surya
> saputra..patarosanana laki-laki idaman neng siti nu
> kumaha cenah...terus
> neng siti teh ngawaler salah sahijina henteu kumisan
> jeung godegan
> mmmmm......... ari aeyuna nikah jeung nukumisannya.
> 
> Aing mah boro dikurud euy kumis jeung godeg jadi we
> katipeng ku neng siti
> heu heu......
> Punten heuteuy he heu......



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke