nuhun iberna.
saleresna mah tos rada lami sikuring teh kabagean rubrik urangsunda. ngan nuju rada macet ieu teh. nu munggaran diserat ku sadia nyerat lalakon hirupna nyaeta kang mike ontohod, harita masih aktif di kusnet. ayeuna sigana pakepuk. ongkoh korut nuju nalaktak ngoprek rudal.  kang Suhermanto Duliman, urang talaga majalengka nu janten pengawas reaktor nuklir dunia, damel di IAEA -international atomic energy agency, di markasna di wina, ayeuna  di kantor cabangna, tokyo.  oge kantos teh lies parish, kang Asep Oeking di Florida nu damel bareng sareng hiji yahudi muka restoran jepang, jrrd.

kamari pangangguran nyundakeun artikel nu kantos dimuat kompas jawa barat. dimuat tah.

lalakon bah willy eta, si Apuy, pangangguran diteraskeun ka kang Hawe Setiawan, pemred Cupumanik. asana mun dimuat hade jeung tegep. Sabab nyaritakeun kumaha US nu aprak2an ka lembur batur-dina raraga migawe proyek- manggih nasib jelema indonesia nu macam2.  kang hawe satuju. tapi rek dimuatna mangrupa carpon, sabab cenah geus minuhan syarat hiji carpon. judulna Hariwang. kumaha bah Willy salaku US ngarasa hariwang ka dulur sanusantara. anjeuna nu US- nu bisana ngan ukur bangsa cadangan di ieu nagreg- dina lalakonna jadi bos nu bisa mere gawe ka batur sanajan ngan saharitaeun-dina hiji proyek.

ari geus aprak2an kamana mendi mah, nyaksian rupa2 nasib manusa, rasa kamanusaan teh sok jadi ngandelan.  buktina mah bah Willy pisan.

mun pareng mah, lalakon bah Willy teh dikumpulkeun, da hade pisan mun dibukukeun.

kanu teu acan terang cupumanik mangga toong www.cupumanik.com, bade ngalanggan oge sae pisan.


On 9/4/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya,
poe saptu cupumanik datang ti bandung mawa oleh-oleh dua seratan urang babakan (hihi sugan da nu apal ukur eta). carpon bah willy ngeunaan si apuy tea mun teu salah pernah dibaledogkeun ka dieu. hiji deui mah seratan mj ngeunaan imah sunda... rek maca? meser cupumanik-na hihi, upama ngilikan di persi onlen-na mah can nimu euy..

wilujeng bah willy oge mj aahh.. diantosan seratan salajengna.

kuring,

dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com



--
geocities.com/mangjamal __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke