Waktu "Cupumanik" datang ka Imah, kuring langsung agul ka barudak jeung ka indungna. Tah ayeuna mah Papah bisa ngarang carpon ....hehehehe. Enya da tadina mah ukur tulas-tulis keur konsumsi urang Kusnet, jeung waktu nulis si Apuy teh kuring keur "lieur" ku pagawean, pikiran jadi buntu. Tinimbang pikiran buntu, mending tulas-tulis. Waktu kuring di Bali, aya SMS ti MJ, cenah "si Apuy" rek dilebetkeun ka Cupumanik. Rada ngahuleng oge, da nyaeta nulisna sangeunahna. Tapi geuning diedit deui, sareng judulna dirobih. Allhamdulillah bisa jadi eusi majalah.
Di Kusnet, kuring loba nyaritakeun Kalbar. Lain kunaon-naon, eta pangalaman kuring nu munggaran, mimpin survey. Umur kuring harita acan jejeg 26 taun, ari nu marengan, rata-rata gegedug tukang apruk- aprukan. Pagawean di Kalbar teh baheula ti Pa Salahudin Wachid ( Gus Solah). Tapi baheula mah henteu beken jiga ayeuna. Bageur Gus Solah teh. Teu nyangka ayeuna anjeunna jadi jalma beken. Pagawean teh di leuweung nu engkena keur daerah Transmigrasi. Atuh di Kalbar teh hubungan jeung kantor Transmigrasi. Salah saurang pagawe Kantor Transmigrasi nu sok nganteur-nganteur kuring, Pa Sukarto Karnaen, pagawe anyar di Kantor Transmigrasi. Ayeuna, kuring maca dina koran, manehna teh jadi Kepala Dinas DenakerTrans Jawa Barat. Di Kalbar oge kuring keuna musibah. Salah saurang nu ngilu jeung kuring, Kang Deden Muharam, dulur Ua istri, cilaka nepi ka tilar dunyana di leuweung Satai, di deukeut perbatasan jeung Sarawak. Kang Deden leungit di leuweung. Kapaksa lapor ka nu berwajib. Brul team SAR nu dipimpin ku Mayor Ampi Tanujiwa (ayeuna Letjen, kantos nyalonkeun jadi Gubernur Jabar) milarian. Jasad Kang Deden kapendak dijurang. Jasad Kang Deden dibawa ku kuring ka Pontianak, terus dibawa ka Jakarta make pesawat. Harita kuring sosorangan, ngabantun Jenazah dina pesawat, bari bingung kudu kumaha ngabejaan ka Bandung. Maklum harita mah, nu boga telepon di Bandung masih jarang. Jeung lamun nelepon ka Bandung, kudu ka operator telepon heula. Untungna teh ari ka Jakarta mah nelepon geus tiasa langsung (SLJJ). Nya babaturan ti Pontianak nelepon Gus Solah. Waktu turun di Kemayoran, Gus Solah parantos ngajemput sareng istrina. Hate ngarasa bungangang. Gus Solah nyadiakeun ambulan sareng Gus Solah oge parantos nelepon ka kenalanana di Bandung, supaya ngabejaan kulawarga Kang Deden. Kuring ngangkleung ka Bandung nyandak jenasah tapi ngan ukur tiluan : kuring, supir ambulan jeung kernetna. Nepi ka Bandung, ka Padasuka, jelema geus ngagimbung, kuring limbung, sedih ..... Kang Deden, dibawa ku kuring, kulantaran keur nganggur, saprakna dieureunkeun ti pagawe honorer DLAJR. Manehna hayang ngilu, batan nganggur. Ari balik ka lembur geus ngababatang. Kang Deden Muharam dimakamkeun di kuburan kulawarga di Cimuncang Bandung. Namina, ceuk beja mah, didamel nami jalan di lokasi Transmigrasi Satai Kabupaten Sambas Kalimantan Barat. Tos ah, lamun nyaritakeun eta, kuring jadi sedih ....... Baktos, WALUYA --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > nuhun iberna. > saleresna mah tos rada lami sikuring teh kabagean rubrik urangsunda. ngan > nuju rada macet ieu teh. nu munggaran diserat ku sadia nyerat lalakon Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

