Wa'aliakumsalam Wr Wb

Alhamdulilah, abdi ngaraos bingah tisa ngiringan KOPDAR kamari 
Minggon. Abdi janten tiasa tepang sareng wargi-wargi KUSnet sanesna. 
Di antawisna : Apih, Kang Ndoell, Kang Badru, Kang Kamal,Kang Irpan, 
Kang Agus, Kang Syam, Kang Ramhat, Kang Tony,Teh Gia,Teh Tatat .. 
utamina mah Teh Imas nu sakitu bageurna, kersa karepotan ku 
sadayana. Kedah nyayogikeun katuangan sareng leeuteun nu sakitu 
seeurna. Hatur nuhun pisan nya Teh Imas, punten pami abdi sadayana 
tos ngarepotkeun salira. "Ulah kapok nya Teh !"

Duch mung sakedik kakiranganana kamari teh, nu sumpingna mung 
sakedik .. duka saurna mah nu sanesna nuju "KALERESAN" Hawartos Teh 
Imas, margi tos sasayogian nu sakitu royalna ... ! Mugia kasaean Teh 
Imas sakulawargi diwales ku Gusti Allah kunu langkung ti kitu.

Saleresna mah abdi teh rada isi sumping ka KOPDAR teh, margi abdi 
nembean. Pangpangna mah sieun teu diangkeun ... eh, geuning wargi-
wargi Kusnet teh nu sakitu sarae manahna. 
Sanes waktos mah ngayakeun KOPDAR teh di Cianjur atuh,Insya Allah 
abdi siap janten sohibul baitna mah? Kaleresan rorompok lalega !  

YUGI BUDIANA 
021-68673767

--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
> 
> Baraya Kusnet sadaya,
> Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 3 September 
2006 
> di bumina Téh Imas, Jl. Langsat - Mayéstik, Keb.Baru Jakarta
> Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-
naon.
> 
> Anu sumping dina ieu acara : --------------------------------------
-
> - Kang Badrudin
> - Kang Kamal + Istrina + putrana
> - Kang Yugi + "rerencanganana"
> - Kang Irpan + rai-na
> - Kang Agus Pakusarakan
> - Kang Syam "Keom" Ridwan
> - Kang Rachmat "UI" Rawyani + putra2na
> - Kang Tony "Leboy" Sofyan
> - Teh Gia Mattel
> - Teh Tatat
> - Uwa Siddik Sakulawargi
> - sareng abdi, Kang Nanang Ndoell
...





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke