cekelan omongan kang Yugi,
siap jadi sohibul baet KOPDAR.
Kuring mah moal menta loba, ngan lamun jadi kopdar di cianjur, pang nyadiakeun sambel sing ledok jeung lalab sapuratina.
he..he..he...
Salad, eh lalab, suka banget geto loh..
On 9/4/06, Yugi Budiana Malik <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
Wa'aliakumsalam Wr Wb
Alhamdulilah, abdi ngaraos bingah tisa ngiringan KOPDAR kamari
Minggon. Abdi janten tiasa tepang sareng wargi-wargi KUSnet sanesna.
Di antawisna : Apih, Kang Ndoell, Kang Badru, Kang Kamal,Kang Irpan,
Kang Agus, Kang Syam, Kang Ramhat, Kang Tony,Teh Gia,Teh Tatat ..
utamina mah Teh Imas nu sakitu bageurna, kersa karepotan ku
sadayana. Kedah nyayogikeun katuangan sareng leeuteun nu sakitu
seeurna. Hatur nuhun pisan nya Teh Imas, punten pami abdi sadayana
tos ngarepotkeun salira. "Ulah kapok nya Teh !"
Duch mung sakedik kakiranganana kamari teh, nu sumpingna mung
sakedik .. duka saurna mah nu sanesna nuju "KALERESAN" Hawartos Teh
Imas, margi tos sasayogian nu sakitu royalna ... ! Mugia kasaean Teh
Imas sakulawargi diwales ku Gusti Allah kunu langkung ti kitu.
Saleresna mah abdi teh rada isi sumping ka KOPDAR teh, margi abdi
nembean. Pangpangna mah sieun teu diangkeun ... eh, geuning wargi-
wargi Kusnet teh nu sakitu sarae manahna.
Sanes waktos mah ngayakeun KOPDAR teh di Cianjur atuh,Insya Allah
abdi siap janten sohibul baitna mah? Kaleresan rorompok lalega !
YUGI BUDIANA
021-68673767
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

