Sarua jeung uing Kang Kumi....
Mangkana uing mah ti kamari oge teu ngacung rek ngiluan eta acara kopdar. Sabab geus katoong moal diijinan ku "urut kabogoh". Tong boro indit-inditan ka nu jauh ti imah, dalah mun uing anteng ulin jeung komputer oge, di ruang tengah, "urut kabogoh" sok camberut. Majarkeun teh, "Seminggu yang kuminta dua hari (sanes satu malam, sakumaha lirik lagu Teh Itje hehehe)".
Enya bener oge pamikiran "urut kabogoh". Keur mah ti poe Senen nepi ka Jumat, waktu uing kasedot ku paculeun di kantor, atuh poe Sabtu jeung Minggu husus pikeun kulawarga. Kitu pok-pokan na teh.
Sabenerna mah geus bosan euy S3 teh. Ngan dalah dikumaha, "urut kabogoh" teu bisa ninggalkeun murid-muridna di Subang. Komo ayeuna si cikal masih keneh 2 bulan satengah, masih butuh bingbingan ti kolot pikeun ngurusna.
Jadi inti na mah, ampir sarua alesan uing jeung Kang Kumi, kunaon teu bisa datang ka acara kopdar.
Cag ah...
Baktos,
OTA
| "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 09/05/2006 11:24 AM
|
|
Wa'alaikumsalaam w. w.
Kuring mah ngan bisa sasadu we, pedah samemehna jangji rek ngusahakeun datang (katut niatna). Tapi, dalah dikumaha, hanjakal henteu pareng. Bisa eta ge ari rek maksakeun mah, tap kuriak dibaeudan ku si mamih atuh uing teh. Kieu atuh da ari nasib jadi "salaki minggon" mah, pokona mah saptu minggu teu bisa ditinggalkeun, iwal mun aya urusan dines. Tah, keur mah minggu kamarina jadwal minggon teh kacoceng ku dines ka Jogja, atuh piraku minggu ieu dicoceng deui mah...
Tadina mah kapikiran, rek diringkid sakalian jeung si Bagja, tapi teu wasa ah ari kudu kana beus mah. Rek mawa mobil... mobil saha atuh? Heuheu...
Intina mah, porgipmeh we lah...
kdr_,___
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

