Geus paheut dina hate poe minggu nek ngajorag ka langsat. Cunduk ka dawuh
jam 9 isuk biur indit numpak "sikukut" padahal harita teh can sakerejet
kerejet acan sare
( kade ulah nyangka tas lalajo wayang kulit) atuh kapaksa sajeroning
ngagelang gas teh panon ditugeng heula ku busi urut.
Nepi ka parapatan coca cola kalalar simontok ngaliwat, jorojoy hayang
ngasaan deui numpakan, atuh teu loba pikir deui seot sikukut
dipengkolkeun kasisi cena cirekem dilapang parkir itc. Enyaan geuning
ngeunah numpak simontok teh sanajan unggal usik baceo nyebut "next stop -
next stop" tapi sorana halimpu, teu apal iraha gantina da baheula mah keur
anyaran nyebutna teh "next destination"

Nepi ka monas, najan asa beurat hate simontok kapaksa "ditalak tilu"
saterusna gapruk ka simontok kelir beureum jurusan blok m. Nepi ka blok m
disambung ku metro mini no 74. Enyaan rada
ngarumas  anyeucleu dijero metro mini mah, teu kawas tadi basa keur
dikeukeupan ku simontok estu dingin dingin empuk, di 74 mah karasa pisan
hareudang bayeungyang. Mun di ibaratkeun mah samemeh naek metro asa
ngeukeupan dian sastro atuh ari keur dina metro asa ngagalentoran tata
dado. ( anggeeerrr)

Abong mayar ongkosna dileuwihan, teu pira dileuwihan saratus perak, eta ge
lain dibikeun ka kenek tapi ka pangamen, atuh turuna ge dileuwihan jadi
labas ka taman puring, kira kira kurang leuwih satengah kiloan ti jalan
langsat. Geus turun langsung we tunyu tanya, "Langsat dimana?" - "Langsat
dimana?" nu ditanya kaparengan jawabanana teh sarua "sayah orang baru
disinih!" Beu abong di jakarta,jauh mela melu pisan jeung dilembur. Najan
kitu, teu eleh
geleng, sugan  kudu ditambahan nanyana,cekeng teh. Atuh pok nanya deui ka
tukang roko "Kang ari kuning langsat palih mana?" Ari jawabna teh kieu
"Kuning langsat? Nembe pisan ngalangkung!"

Hatur nuhun ka teh imas anu tos ngangken, sareng susuguhna mani murudul
kitu, "Apapun makananya minum nya es kopyor"  t e-o-pe  dah !

Kanu tos tepang kum we teu diwiji wiji salam kasadaya.

syam ridwan
paranas daun ceuli euy, boa diwarung keur aya nu ngadagoan he he gr

----- Original Message ----- 
From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, September 04, 2006 1:39 PM
Subject: [Urang Sunda] Dongeng Kopdar Langsat : 3 Sept 2006


Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 3 September 2006
di bumina Téh Imas, Jl. Langsat - Mayéstik, Keb.Baru Jakarta
Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke