Rek ngadongeng ah, bongan sararepi wae. Saperti nu dicaritakeun 
kamari kuring meunang musibah, kang Deden cilaka dugi ka hanteuna di 
leuweung Kalbar. Inget we harita teh, kang Deden marengan Udin, juru 
ukur, metakeun titik-titik pengukuran nu rek diukur ku kuring. Jadi 
rombonganana beda. Waktu sore balik ka kemah pamondokan, Kang Deden 
teu aya. Ku kuring ditanyakeun ka Udin. Ceuk Udin, waktu istirahat 
tengah poe, Deden menta ijin rek ka kemah heula, tapi cenah teu balik 
deui. Disangka Udin, Deden malah ngilu ka rombongan kuring. Pikir 
teh, Ah ...meureun ngilu jeung tanaga lokal, ka lemburna ka Kampung 
Satai, nu jauhna kurang leuwih 4 km ti kemah. Nya disarusul ka 
kampung Satai. Tapi teu aya. Mimiti panik, mana poe geus nuju ka 
peuting. Ti peuting, teu daek sare, kamana ari Kang Deden?. Bisi 
katalimbeng di leuweung, nyieun dudurukan, nu gede pisan. Sarerea 
ngariung, teu sare tepi ka isukna. 

Isukna, kuring nyebar tanaga lokal dibarengan ku anggota team, ka 
sabudeureun lokasi, bisi Deden sasab di lokasi. Weleh teu kapanggih. 
Beuki beurang, beuki bingung. Ti tanaga lokal, mimiti kaluar carita-
carita pikasieuneun. Cenah mah di leuweung ieu teh, aya nu 
ngageugeuh. Di susukan ieu, ceuk tanaga lokal nu boga kaahlian 
paranormal teh, aya mangkeluk siga buaya, sungutna sagede panto. Sok 
kaluar lamun aya nu ngaganggu. Kemah bapa ieu, pas sok kaluarna 
mangkeluk ieu. Teu wudu, sarerea tambah soak. Ditambah deuih, aya 
anggota tim nu neangan Kang Deden, si Parmo, balik bari harohah-
harehoh, manehna manggihan hiji tangkal gede, dihandapna loba keramik 
nu geus pareupeus. Ceuk manehna pas manehna ngaliwat kadinya, aya 
sora nu ngagerem. Si Parmo langsung balik, sanajan manehna mamawa 
gobang jeung dibarengan tanaga lokal lima urang. 

Sorena aya nu nyarankeun, menta tulung ka Dukun. Aya dua dukun nu 
kudu diangkir. Dukun urang Melayu di Kampung Satai (Satai, kampung 
urang Melayu, urang Islam) jeung Dukun Dayak. Isukna (poe kadua ti 
mimiti Kang Deden leungit), para dukun teh daratang. Usaha dukun 
Melayu mah, ilahar saperti di urang, ngado'a make basa Arab. Tapi 
Dukun Dayak mah beda deui, manehna mawa goong. Goong ditakolan, 
manehna terus leumpang, bari sungutna teu eureun babacaan, 
babacaanana, teu ngarti, nu jelas lain basa Arab (nu sarua kuring oge 
teu ngarti). "Keung.....Keung .....Keung" sora goong nembus leuweung 
geledegan, matak ketir, Dukun Dayak leumpang sabudureun lokasi. Tapi 
hanjakal pisan, usaha dua dukun ieu, teu hasil. Kang Deden tetep teu 
kapanggih.

Peutingna babadamian. Akhirna diputuskeun kudu lapor ka pulisi di 
Kota Sambas, 25 Km ti lokasi. Kudu tumpak speed boat nyusur Walungan 
Sambas. Tapi sakali deui, aya usul ti sesepuh kampung Satai, kudu 
ngadatangan turunan Sultan Sambas. Sabab daerah ieu teh tadina dina 
kakawasaan Sultan Sambas. Atuh rombongan nu ka kota Sambas teh dibagi 
dua. Kuring nu lapor ka Pulisi jeung rombongan nu rek ngadep ka 
karaton Sultan Sambas.

Isukna kuring geus di sisi walungan Sambas. Tapi samemeh indit ka 
kota Sambas, kuring nitah sarombongan deui, indit nyusul rombongan 
survey, nu keur survey kurang leuwih 5 km ti lokasi Satai. Ieu tim, 
rombongan kuring oge, misah sabab kudu ngagawekeun lokasi nu hiji 
deui. Rombongan ieu mawa Jang Tatang, adina Kang Deden. Geus kitu, 
speed boat, maju. Dina speed boat, kuring ceurik ditahan. Naha ieu 
teh bet kajadian kieu? Ieu pangalaman kuring nu munggaran, mimpin anu 
survey, surveyna beurat di leuweung geledegan, kari-kari aya kajadian 
kieu. Terus terang, kuring harita, ngarasa "leutik", "leutik" pisan, 
asa jadi budak bau jaringao, keur diplonco ku kaayaan leuweung 
Kalbar ......

Engke dilajengkeun deui ....

Baktos,
WALUYA
  










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke