tong lila teuing kang. dan ningal sinetron mah kudu ngantosan saminggon deui. Ieu simkuring geus dihareupeun layar kaca.
by ----- Original Message ----- From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, September 06, 2006 10:40 AM Subject: [Urang Sunda] Neangan anu Leungit (1) > Rek ngadongeng ah, bongan sararepi wae. Saperti nu dicaritakeun > kamari kuring meunang musibah, kang Deden cilaka dugi ka hanteuna di > leuweung Kalbar. Inget we harita teh, kang Deden marengan Udin, juru > ukur, metakeun titik-titik pengukuran nu rek diukur ku kuring. Jadi > rombonganana beda. Waktu sore balik ka kemah pamondokan, Kang Deden > teu aya. Ku kuring ditanyakeun ka Udin. Ceuk Udin, waktu istirahat > tengah poe, Deden menta ijin rek ka kemah heula, tapi cenah teu balik > deui. Disangka Udin, Deden malah ngilu ka rombongan kuring. Pikir > teh, Ah ...meureun ngilu jeung tanaga lokal, ka lemburna ka Kampung > Satai, nu jauhna kurang leuwih 4 km ti kemah. Nya disarusul ka > kampung Satai. Tapi teu aya. Mimiti panik, mana poe geus nuju ka > peuting. Ti peuting, teu daek sare, kamana ari Kang Deden?. Bisi > katalimbeng di leuweung, nyieun dudurukan, nu gede pisan. Sarerea > ngariung, teu sare tepi ka isukna. > > Isukna, kuring nyebar tanaga lokal dibarengan ku anggota team, ka > sabudeureun lokasi, bisi Deden sasab di lokasi. Weleh teu kapanggih. > Beuki beurang, beuki bingung. Ti tanaga lokal, mimiti kaluar carita- > carita pikasieuneun. Cenah mah di leuweung ieu teh, aya nu > ngageugeuh. Di susukan ieu, ceuk tanaga lokal nu boga kaahlian > paranormal teh, aya mangkeluk siga buaya, sungutna sagede panto. Sok > kaluar lamun aya nu ngaganggu. Kemah bapa ieu, pas sok kaluarna > mangkeluk ieu. Teu wudu, sarerea tambah soak. Ditambah deuih, aya > anggota tim nu neangan Kang Deden, si Parmo, balik bari harohah- > harehoh, manehna manggihan hiji tangkal gede, dihandapna loba keramik > nu geus pareupeus. Ceuk manehna pas manehna ngaliwat kadinya, aya > sora nu ngagerem. Si Parmo langsung balik, sanajan manehna mamawa > gobang jeung dibarengan tanaga lokal lima urang. > > Sorena aya nu nyarankeun, menta tulung ka Dukun. Aya dua dukun nu > kudu diangkir. Dukun urang Melayu di Kampung Satai (Satai, kampung > urang Melayu, urang Islam) jeung Dukun Dayak. Isukna (poe kadua ti > mimiti Kang Deden leungit), para dukun teh daratang. Usaha dukun > Melayu mah, ilahar saperti di urang, ngado'a make basa Arab. Tapi > Dukun Dayak mah beda deui, manehna mawa goong. Goong ditakolan, > manehna terus leumpang, bari sungutna teu eureun babacaan, > babacaanana, teu ngarti, nu jelas lain basa Arab (nu sarua kuring oge > teu ngarti). "Keung.....Keung .....Keung" sora goong nembus leuweung > geledegan, matak ketir, Dukun Dayak leumpang sabudureun lokasi. Tapi > hanjakal pisan, usaha dua dukun ieu, teu hasil. Kang Deden tetep teu > kapanggih. > > Peutingna babadamian. Akhirna diputuskeun kudu lapor ka pulisi di > Kota Sambas, 25 Km ti lokasi. Kudu tumpak speed boat nyusur Walungan > Sambas. Tapi sakali deui, aya usul ti sesepuh kampung Satai, kudu > ngadatangan turunan Sultan Sambas. Sabab daerah ieu teh tadina dina > kakawasaan Sultan Sambas. Atuh rombongan nu ka kota Sambas teh dibagi > dua. Kuring nu lapor ka Pulisi jeung rombongan nu rek ngadep ka > karaton Sultan Sambas. > > Isukna kuring geus di sisi walungan Sambas. Tapi samemeh indit ka > kota Sambas, kuring nitah sarombongan deui, indit nyusul rombongan > survey, nu keur survey kurang leuwih 5 km ti lokasi Satai. Ieu tim, > rombongan kuring oge, misah sabab kudu ngagawekeun lokasi nu hiji > deui. Rombongan ieu mawa Jang Tatang, adina Kang Deden. Geus kitu, > speed boat, maju. Dina speed boat, kuring ceurik ditahan. Naha ieu > teh bet kajadian kieu? Ieu pangalaman kuring nu munggaran, mimpin anu > survey, surveyna beurat di leuweung geledegan, kari-kari aya kajadian > kieu. Terus terang, kuring harita, ngarasa "leutik", "leutik" pisan, > asa jadi budak bau jaringao, keur diplonco ku kaayaan leuweung > Kalbar ...... > > Engke dilajengkeun deui .... > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > __________ NOD32 1.1740 (20060905) Information __________ > > This message was checked by NOD32 antivirus system. > http://www.eset.com > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

