protes keras yeuh kang waluya naha aya kecap ari salse. katingalina erek asup ari dina pilem mah tengah main si boga lakon jeung anu penjahatna keur pahipuk kituw. Didagoan yeuh.......
by ----- Original Message ----- From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, September 06, 2006 2:57 PM Subject: [Urang Sunda] Neangan anu Leungit (2) > Satepina ka Kota Sambas, kuring lapor ka Kantor Transmigrasi jeung ka > Kantor Pulisi. Rombongan nu ditugaskeun ka karaton Sultan Sambas oge > miang. DI kantor pulisi, lumayan ditanya tetek-bengek, jeung > disalahkeun naha teu menta dikawal ku pulisi. Ceuk pulisi daerah Sambas > teh di akhir taun 1960'an daerah rawan, sabab aya gerilyawan PGRS/ > Paraku, sesa-sesa Komunis Indonesia nu ngahariji jeung urang Komunis di > Malaysia. Walah beuki soak wae. Kantor pulisi ngontak Kodim, Kodim > ngontak Korem. Kuring kudu ka Singkawang, kudu nyanghareup Komandan > Korem. Kapaksa ka Singkawang. Papanggih jeung Komadan Korem, pangkatna > Kolonel, awakna ateletis, kulitna koneng, panonna .... sipit. Hilap > deui aranna mah, ngan saumur-umur, kuring kakara manggihan aya tantara > ti etnis TiongHwa. > > Ku Pa Kolonel teh kuring diwawuhkeun jeung bawahana, nu rek ditugaskeun > jadi kepala Team SAR, Mayor Ampi Tanujiwa. Pa Mayor teh ngora keneh, > tapi saluhureun kuring, awakna tegep, perekel kumaha we tantara. Pa > Maoyor teh mureleng ka kuring, "Ti Bandung nya?", cenah make basa Sunda. > > Kacida ngagebegna, tapi hate kacida atohna, asa papanggih jeung dulur. > Nya gorolang weh lalakon Kang Deden leungit. Pa Ampi unggut-unggutan. > Manehna rek nyiapkeun pasukan SAR, tantara jeung pulisi. Kuring pamit > rek neangan panginepan di Singkawang. Tapi Pa Ampi nahan kuring heula, > malah ngajak ngobrol. Baheula sakola dimana jrrd. Terus manehna > ngadongeng manehna ge kungsi kuliah di FE-UI meunang sataun. Ngan > kulantran katarima di Akabri, FE-UI dileupaskeun. Ceuk kuring teh lebar > atuh Pa, meureun engke jadi Ekonom. Pa Ampi ukur seuri (ayeuna anjeunna > pangkat pangakhirna Letjen, tapi terangna tina koran). > > Isukna, poe kaopat Kang Deden leungit, kuring indit deui ka kota > Sambas. Di Sambas geus siap pasukan SAR, pulisi aya kana dua puluh > urangna, tantara oge ampir sarua. Para aparat teh lengkep mawa ransel > jeung bedil. Bring weh rombongan SAR teh, indit make sababrha hiji Long > boat. Kuring di Long boat pangakhirna, bareng jeung Pa Ampi. Sajajalan, > loba urang lembur sisi walungan nu narempokeun. Kuring malaweung nempo > soldadu, bedil, long boat, walungan ....ah naha ieu teh bet siga dina > film perang Vietnam .... > > Jam Satengah genep sore, kakara tepi ka darmaga Kampung Satai. > Rombongan tarurun. Pa Ampi marentahkeun tim SAR ngarereb heula di > darmaga, sabab kaburu peuting, lokasi aya kana 4-5 km deui, kudu > leumpang. Kuring tadina henteu satuju, tapi mana wani ngalawan > kaputusan tantara. Nya ngarereb di Darmaga. Tah didinya kuring mimiti > nyaho, karunya geuning tantara teh, ari keur operasi mah. Sarena teh > bisa dimana wae. Goler weh sangeunahna, dina kamalir, handapeun > tangkal, segrek weh sare ....kerek. Pa Ampi oge sarua, ngagoler dina > taneuh. Ari kuring mah teu bisa sare jiga kitu, kapaksa leumpang nuju > kampung Satai, ngilu ngarereb di imah tanaga lokal. > > Ke dilajeng deui ari salse ..... > > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > __________ NOD32 1.1740 (20060905) Information __________ > > This message was checked by NOD32 antivirus system. > http://www.eset.com > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

