Satepina ka Kota Sambas, kuring lapor ka Kantor Transmigrasi jeung ka Kantor Pulisi. Rombongan nu ditugaskeun ka karaton Sultan Sambas oge miang. DI kantor pulisi, lumayan ditanya tetek-bengek, jeung disalahkeun naha teu menta dikawal ku pulisi. Ceuk pulisi daerah Sambas teh di akhir taun 1960'an daerah rawan, sabab aya gerilyawan PGRS/ Paraku, sesa-sesa Komunis Indonesia nu ngahariji jeung urang Komunis di Malaysia. Walah beuki soak wae. Kantor pulisi ngontak Kodim, Kodim ngontak Korem. Kuring kudu ka Singkawang, kudu nyanghareup Komandan Korem. Kapaksa ka Singkawang. Papanggih jeung Komadan Korem, pangkatna Kolonel, awakna ateletis, kulitna koneng, panonna .... sipit. Hilap deui aranna mah, ngan saumur-umur, kuring kakara manggihan aya tantara ti etnis TiongHwa.
Ku Pa Kolonel teh kuring diwawuhkeun jeung bawahana, nu rek ditugaskeun jadi kepala Team SAR, Mayor Ampi Tanujiwa. Pa Mayor teh ngora keneh, tapi saluhureun kuring, awakna tegep, perekel kumaha we tantara. Pa Maoyor teh mureleng ka kuring, "Ti Bandung nya?", cenah make basa Sunda. Kacida ngagebegna, tapi hate kacida atohna, asa papanggih jeung dulur. Nya gorolang weh lalakon Kang Deden leungit. Pa Ampi unggut-unggutan. Manehna rek nyiapkeun pasukan SAR, tantara jeung pulisi. Kuring pamit rek neangan panginepan di Singkawang. Tapi Pa Ampi nahan kuring heula, malah ngajak ngobrol. Baheula sakola dimana jrrd. Terus manehna ngadongeng manehna ge kungsi kuliah di FE-UI meunang sataun. Ngan kulantran katarima di Akabri, FE-UI dileupaskeun. Ceuk kuring teh lebar atuh Pa, meureun engke jadi Ekonom. Pa Ampi ukur seuri (ayeuna anjeunna pangkat pangakhirna Letjen, tapi terangna tina koran). Isukna, poe kaopat Kang Deden leungit, kuring indit deui ka kota Sambas. Di Sambas geus siap pasukan SAR, pulisi aya kana dua puluh urangna, tantara oge ampir sarua. Para aparat teh lengkep mawa ransel jeung bedil. Bring weh rombongan SAR teh, indit make sababrha hiji Long boat. Kuring di Long boat pangakhirna, bareng jeung Pa Ampi. Sajajalan, loba urang lembur sisi walungan nu narempokeun. Kuring malaweung nempo soldadu, bedil, long boat, walungan ....ah naha ieu teh bet siga dina film perang Vietnam .... Jam Satengah genep sore, kakara tepi ka darmaga Kampung Satai. Rombongan tarurun. Pa Ampi marentahkeun tim SAR ngarereb heula di darmaga, sabab kaburu peuting, lokasi aya kana 4-5 km deui, kudu leumpang. Kuring tadina henteu satuju, tapi mana wani ngalawan kaputusan tantara. Nya ngarereb di Darmaga. Tah didinya kuring mimiti nyaho, karunya geuning tantara teh, ari keur operasi mah. Sarena teh bisa dimana wae. Goler weh sangeunahna, dina kamalir, handapeun tangkal, segrek weh sare ....kerek. Pa Ampi oge sarua, ngagoler dina taneuh. Ari kuring mah teu bisa sare jiga kitu, kapaksa leumpang nuju kampung Satai, ngilu ngarereb di imah tanaga lokal. Ke dilajeng deui ari salse ..... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

