Poe ka dalapan ti saprakna Kang Deden leungit. Poe kajadian mimiti 
leungit poe Rebo, ayeuna geus tepung deui jeung Poe Rebo. Sirah asa 
kekeleyengan, meureun peuting kurang sare. Team SAR geus siap-siap 
rek mimiti deui nyisir leuweung. Team SAR geus kaciri mimiti cape, 
roman beungeutna sariga nu geus frustasi. Pa Ampi pakepuk, ngatur 
tim. Kuring diuk dina kai nu geus rungkad bari malaweung. Moal kitu 
si Kang Deden teh minggat kulantaran pagawean beurat. Tapi ah teu 
mungkin .... manehna wani kaluar sosorangan. Tapi pikiran mah 
nganteng, kumaha carana neangan informasi ka Bandung. Harita, di Kota 
Pangdeukeutna, Sambas jeung Singkawang, telepon, masih telepon 
engkol. Atuh di Bandungna ge, nu boga telpon teh jarang pisan. 
Dunungan kuring wae di Bandung, di imahna teu bogaeun telepon. 

Niat rek ngahubungi Bandung, beuki gilig dina hate kuring. Lamun poe 
ieu, Kang Deden teu kapanggih wae, kuring rek ka Pontianak, rek 
nelepon ka kantor di Bandung jeung ka Pa Solahuddin Wahid di Jakarta. 
Pa Solahudin Wahid teh Arsitek jeung oge adina Gus Dur. Anjeunna 
gaduh pausahaan konsultan di Jakarta. Pausahaan Pa Solahudin Wahid 
ieu nu ngayakeun gawe babarengan jeung kantor kuring di Bandung.

Kuring, ngajak sababaraha urang tanaga lokal, kukurilingan deukeut 
kemah, sugan jeung sugan aya tanda-tanda ti Kang Deden. Teu karasa 
geus ampir jam 12 beurang. "Dor ..... dor ", sora pestol ti kajauhan. 
Kaget, naha aya sora pestol ditembakeun. Tanaga lokal oge beungeutna 
papada pias. Gagancangan kuring balik deui ka Kemah, tanaga lokal 
pabaliut, nu wanian ngagiridig nuju sora pestol, nu teu pati wanian, 
nuturkeun kuring balik ka kemah.  

Waktu tepi ka kemah, di kemah euweuh sasaha, sepi. Tapi itu ....aya 
nu lumpat nuju ka kemah, ....Herwan,  bari teras gogorowokan:
"Kapanggih......,ketemu", cenah, pacampur antara Basa Sunda jeung 
Basa Indonesia, maklum manehna mah aslina urang Lampung.

"Sudah meninggal ......"

Ser ..... getih kuring asa turun, suku leuleus, asa nincak, asa 
henteu. Awak kuring limbung, gancangan nyekelan tihang, terus diuk, 
teu karasa ngucapkeun :" Astagfirullah Al'Azim"

Herwan oge, sarua, manehna ambruk harepeun kuring, ongkoh manehna mah 
tadi lumpat. Sajongjonan mah euweuh nu ngomong sakemek-kemek acan. 
Sanggeus lelembutan balik deui, kuring inget ka Jang Tatang, adina 
Kang Deden. "Wan ...Wan, ari Tatang kamana?"
"Tadi papaliwat, manehna lumpat nuju tempat Deden ditimukeun", ceuk 
Herwan.
"Dimana ditimukeunana?"
"Sakilo tidieu, dina tumpukan kai nu pasolengkrah di jurang, geuning, 
beulah kulon"
"Sakilo tidieu? geuning deukeut???, kuring arek kaditu!", bari jung 
nangtung.

Herwan, nyekelan leungeun kuring, mani pageuh. Manehna gogodeg, 
ngalarang kuring indit. Pokna teh :"Entong Pa, moal kuat"

Kuring mencrong manehna. Manehna nyarita bari ngeluk:"Geus saminggu 
Pa, parantos rusak pisan, abdi ge teu tahan. Pulisi jeung tantara oge 
teu tahan, ngan si Parmo anu kuat. Manehna ayeuna nu keur mulungan 
jasad Deden"

Ngadenge kitu, awak kuring karasa leuleus deui, gancangan diuk deui. 
Ti kajauhan katingali Jang Tatang dibebeyeng Pa Endun, ceurik auk-
aukan. Kuring gancangan muru manehna. Ku kuring digabrug, tonggongna 
ditepak-tepak. "Tang .... Tang, maca Astafirullah ...."

Manehna sababaraha kali istigfar, ceurikna rada ngendoran. terus 
ngaharewos halon, hayang Kang Deden dibawa ka Bandung, da di dieu mah 
lain lemburna. Kuring ngawarewos ka manehna :"Tang, Kuring janji, 
Kang Deden rek dibawa ka Bandung, kumaha wae jalanna mah. Cekel janji 
ieu!"

[Ke disambung deui]

Baktos,
WALUYA





 
 


 

   






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/3EuRwD/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke