Innalilahi Wainnalilahi Rojiun.ngiring belasungkawa wae yeuh ka wargi na 
kang deden.

by
----- Original Message ----- 
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, September 07, 2006 10:06 AM
Subject: [Urang Sunda] Neangan anu Leungit (4)


> Poe ka dalapan ti saprakna Kang Deden leungit. Poe kajadian mimiti
> leungit poe Rebo, ayeuna geus tepung deui jeung Poe Rebo. Sirah asa
> kekeleyengan, meureun peuting kurang sare. Team SAR geus siap-siap
> rek mimiti deui nyisir leuweung. Team SAR geus kaciri mimiti cape,
> roman beungeutna sariga nu geus frustasi. Pa Ampi pakepuk, ngatur
> tim. Kuring diuk dina kai nu geus rungkad bari malaweung. Moal kitu
> si Kang Deden teh minggat kulantaran pagawean beurat. Tapi ah teu
> mungkin .... manehna wani kaluar sosorangan. Tapi pikiran mah
> nganteng, kumaha carana neangan informasi ka Bandung. Harita, di Kota
> Pangdeukeutna, Sambas jeung Singkawang, telepon, masih telepon
> engkol. Atuh di Bandungna ge, nu boga telpon teh jarang pisan.
> Dunungan kuring wae di Bandung, di imahna teu bogaeun telepon.
>
> Niat rek ngahubungi Bandung, beuki gilig dina hate kuring. Lamun poe
> ieu, Kang Deden teu kapanggih wae, kuring rek ka Pontianak, rek
> nelepon ka kantor di Bandung jeung ka Pa Solahuddin Wahid di Jakarta.
> Pa Solahudin Wahid teh Arsitek jeung oge adina Gus Dur. Anjeunna
> gaduh pausahaan konsultan di Jakarta. Pausahaan Pa Solahudin Wahid
> ieu nu ngayakeun gawe babarengan jeung kantor kuring di Bandung.
>
> Kuring, ngajak sababaraha urang tanaga lokal, kukurilingan deukeut
> kemah, sugan jeung sugan aya tanda-tanda ti Kang Deden. Teu karasa
> geus ampir jam 12 beurang. "Dor ..... dor ", sora pestol ti kajauhan.
> Kaget, naha aya sora pestol ditembakeun. Tanaga lokal oge beungeutna
> papada pias. Gagancangan kuring balik deui ka Kemah, tanaga lokal
> pabaliut, nu wanian ngagiridig nuju sora pestol, nu teu pati wanian,
> nuturkeun kuring balik ka kemah.
>
> Waktu tepi ka kemah, di kemah euweuh sasaha, sepi. Tapi itu ....aya
> nu lumpat nuju ka kemah, ....Herwan,  bari teras gogorowokan:
> "Kapanggih......,ketemu", cenah, pacampur antara Basa Sunda jeung
> Basa Indonesia, maklum manehna mah aslina urang Lampung.
>
> "Sudah meninggal ......"
>
> Ser ..... getih kuring asa turun, suku leuleus, asa nincak, asa
> henteu. Awak kuring limbung, gancangan nyekelan tihang, terus diuk,
> teu karasa ngucapkeun :" Astagfirullah Al'Azim"
>
> Herwan oge, sarua, manehna ambruk harepeun kuring, ongkoh manehna mah
> tadi lumpat. Sajongjonan mah euweuh nu ngomong sakemek-kemek acan.
> Sanggeus lelembutan balik deui, kuring inget ka Jang Tatang, adina
> Kang Deden. "Wan ...Wan, ari Tatang kamana?"
> "Tadi papaliwat, manehna lumpat nuju tempat Deden ditimukeun", ceuk
> Herwan.
> "Dimana ditimukeunana?"
> "Sakilo tidieu, dina tumpukan kai nu pasolengkrah di jurang, geuning,
> beulah kulon"
> "Sakilo tidieu? geuning deukeut???, kuring arek kaditu!", bari jung
> nangtung.
>
> Herwan, nyekelan leungeun kuring, mani pageuh. Manehna gogodeg,
> ngalarang kuring indit. Pokna teh :"Entong Pa, moal kuat"
>
> Kuring mencrong manehna. Manehna nyarita bari ngeluk:"Geus saminggu
> Pa, parantos rusak pisan, abdi ge teu tahan. Pulisi jeung tantara oge
> teu tahan, ngan si Parmo anu kuat. Manehna ayeuna nu keur mulungan
> jasad Deden"
>
> Ngadenge kitu, awak kuring karasa leuleus deui, gancangan diuk deui.
> Ti kajauhan katingali Jang Tatang dibebeyeng Pa Endun, ceurik auk-
> aukan. Kuring gancangan muru manehna. Ku kuring digabrug, tonggongna
> ditepak-tepak. "Tang .... Tang, maca Astafirullah ...."
>
> Manehna sababaraha kali istigfar, ceurikna rada ngendoran. terus
> ngaharewos halon, hayang Kang Deden dibawa ka Bandung, da di dieu mah
> lain lemburna. Kuring ngawarewos ka manehna :"Tang, Kuring janji,
> Kang Deden rek dibawa ka Bandung, kumaha wae jalanna mah. Cekel janji
> ieu!"
>
> [Ke disambung deui]
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________ NOD32 1.1742 (20060906) Information __________
>
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
>
> 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/7EuRwD/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke