|
Mangkukna dimilis gujrud yen teh Tien kenging ka
musibahan saurna dugikeun ka geger otak. Kamari peuting sakadang hape ngadadak
gugurubugan langsung we dicacapa na saku calana beulah katuhu pas nek
dikaluarkeun da ningan pageuh, sihoreng hape mah nyelegon disaku calana beulah
kenca. Barang bray teh dina layarna atra teh Tien ngoling, langsung we say hello
"Bundoooo!" (kawas simalin ngagentraan emana) bari jeung hariweusweus tunyu
tanya, timimiti kumaha damang? enya gebis? geger otak? Ditanya kitu teh si
teh Tien kalahka nyeuleukeuteuk malah malik nanya, saur saha?. Nya dibeberkeun
we yen di milis mah kungsi gujrud yen siteteh keuna musibah aya nu nampa
beja lewat sms ngan teu jelas, atuh jul jol rea nu ngaduakeun. Dikitukeun kakara
sieteh ngaku, enya cenah ari gebis mah tina sapedah ngan alhamdulillah henteu
ari nepikeun ka geger mah ngan sa awak awak gareuneuk malahan hape ge matak
teu nyambung ge ngilu murag terus kagaley teu kapuluk deui. Saminggu ngaringkuk
"Bayangkeun waktu siteteh ragrag kawas nangka asak..Blug!" ceuk teh Tien
bari nyakakak. "Atuh aspalna nyeblok!" uing ngengklokan, siteteh kontan ngahahah
deui.
Ka wargi kusnet pangdugikeun we cenah siteteh
ayeuna mah tos sehat sabihara bihari, ngan jamak ari masih enyut2an mah. Saurna
deui hatur nuhun kana perhatosanana sareng pangduana ti baraya sadaya. Hapunten
cenah can tiasa ngelol deui ka milis, masih bouncing. Bilih sawaktu waktu
peryogi no. hpna nu anyar tiasa dikoling di 081931026518.
Ieu mah hususon ka MJ ari buku keom teh masih aya
keneh? Teh Tien pesen 10 siki. Mun aya keneh transfers kamana? Ke ku abdi
dismskeun mun aya no.rek-na ka teh Tien. Atuh mun tos aya siteteh cena masihan
alamat kanggo ngirimna.
Baktos,
sr
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- [Urang Sunda] IBER ti teh Tien syamridwan
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien kang boim
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien mj
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien syamridwan
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien Buyung
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien indung peuting
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] IBER ti teh Tien indung peuting

