|
Ieu mah lain ti kleub Aleut barudak sajarah Unpad,
tapi kuring jeung indung budak baris ngilu aleut-aleutan engke poe Saptu pageto,
nu ngayakeunana ti Bandung Trails, acara poe Saptu teh disebutna Bandung
Historical Walk.
Miang tabuh 7.00 isuk-isuk ti hareupeun Hotel
Preanger, terus ka Pendopo di alun-alun laju ka Banceuy rek ningali rohangan
sacangkewok urut BK di berok, tidinya ngaleut ka Gedong Sate bari ningalian
gedong sejenna anu boga sajarah, penungtunganana nya di Gedong Sate, rek ningali
Bandung ti munara gedong sate, mayarna 45rebu saurang, dibere keur capek rahem
di jalan jeung meunang dahar beurang.
Bilih aya nu bade ulubiung mangga we telepon ka
Linda 08121492502.
Ngayakeun acara siga kitu teh sok aya anu di
kokojoan ku Mahasiswa Sejarah Unpad, nyarebut dirina Kleub Aleut, pedah eta
sok abring-abringan aleut-aleutan, ningalian gedong gedong di
kota Bandung.
Kuring ngiluan bari sakalian rek ngawanohkeun Rumah
Baca Buku Sunda, jeung ongkoh deuih kataji, sugan we beuki nyaah ka
sarakan.
MSasmita
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- [Urang Sunda] Apel Masyarakat Sunda, senen 11 September 2... mj
- [Urang Sunda] Rek aleut-aleutan poe saptu MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Rek aleut-aleutan poe saptu hidayat sutrisna
- Re: [Urang Sunda] Rek aleut-aleutan poe saptu ika mardiah

