Baraya,
Enyaan edun google teh. Petana dina ngadokumentasikeun warta geus ngarambah jauh ka mangsa abad ka 18 M (taun 1700 M kadieu). Ieu kahebatan google dina ngawangun arsip warta dunya diwartakeun oge ku salah sahiji statsiun TV warta (dina news ticker).
Pirajeunan, si kuring nyoba-nyoba mukaan "News Archives"-na Google bagean Indonesia, samemeh taun 1950. Sajorelat geus ngaberedel warta-warta ti mimiti taun 1949 ka ditu. Wah nyaan, hiji dokumentasi anu pohara, lain gawe memeh mumuluk. Teu kabayang, kumaha google - sanajan boga beaya gede - ngaorganisasikeun para kontributorna pikeun nyusun eta arsip dunya.
Hapunten ieu mah sanes ngabejaan bulu tuur, kanggo para wargi anu teu acan wanoh kana carana, sedengkeun hoyong nyoba-nyoba milarian arsip beja, khususna ngeunaan Indonesia (meureun Sunda oge aya di jerona) nyoreang mangsa baheula nepi ka abad 17 M, make pakakas google, mangga cobian lengkah-lengkah di handap ieu:
http://news.google.com/archivesearch
- lebetkeun kecap "Indonesia" http://news.google.com/archivesearch?q=Indonesia&ie=UTF-8&oe=UTF-8&btnG=Search+Archives
Conto: klik "before 1950"
http://news.google.com/archivesearch?q=Indonesia&sa=N&sugg=d&as_hdate=1949
http://news.google.com/archivesearch?q=Indonesia&sa=N&sugg=d&as_hdate=1944
Wilujeng lalayaran di arsip warta google.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

