kieu ieu teh, dung, mun urang ngilikan kota2 sejen di luar nagreg, patung nu aya di kota teh, salian ti raja atawa pahlawan, boh keur nangtung atawa naek kuda, loba oge tokoh2 dina widang sejen.
di urang mah karek para pahlawan revolusi wungkul, siga jendral sudirman di hareupeun seskoad. patung tentara pelajar di viaduct. hade tah patung R Dewi Sartika di taman balekota, oge patung ir.h.djuanda di pakar. sanajan dua patung eta ngan ukur 'patung dada', patung nu ngan nepi ka dada. conto kota, di kopenhagen, gigireun trotoar hareupeun balekota, aya patung aki2 keur diuk. ditilik2 teh sihoreng Hans Christian Andersen. di basisir aya patung mojang nu sukuna lauk eta, putri duyung. eta lain ti carita rakyat atawa legenda, tapi estuning ti carita karangan HC Andersen. di helsinki, finlandia, salian ti raja russia nu kungsi ngawasa, oeg aya patung sastrawan finlandia. bakatku kataji, kuring nuliskeun eta di dua novel kuring. tangtu loba deui conto di kota sejen. tah, dung, salaku puseur dayeuh jabar atawa ibukota urangsunda, asa tegep mun nambahan koleksi patung nu sumberna tina macem2 widang. utamana nu dipikawanoh ku balarea oge aya nu pikeun pangeling-ngeling. enya, di parapatan lembong lengkong aya patung persib, tapi eta karek ngawakilan dunya olah raga, bari jeung prestasi persib teu salawasna nyongcolang. oge cenah cabenerna lokasi patung persib didinya teh kurang hade, sabab di dinya pisan aya kajadian perang waktu revolusi. hadena mun erek patung perang. patung persib pindahkeun hareupeun stadion persib. tina widang carita rakyat atawa legenda, asa tegep mun di bandung aya patung si kabayan, sangkuriang, dayang sumbi, mang lengser. nya model sangkuriang mah pamuda gagah jeung kasep we kitulah. dayang sumbi, istri awet ngora awet geulis. si kabayan, mun bah us us atawa kang ibing teu kersaeun jadi modelna, kuring oge teu nanaon. haha. dina widang intelektual, meureun hade pisan mun aya patung Hoesen Djayadiningrat. anjeuna teh doktor munggaran di ieu nagara. dina widang sebut we filsafat sunda, haji hasan mustapa dina widang sastra, pantes mohammad moesa. us munggaran nu karyana dicitak, panji wulung tea. oto iskandardinata masih perlu dijieun patungna, sabab salian ti tokoh bandung mangsa revolusi oge anjeuna pisan nu manggihan pekik merdeka! dihandapeun patung2 eta, bere plakat atawa katerangan saha tokoh nu dipatungkeun teh. sangkan generasi ngora mikawanoh. tempatna? hade mun di hareupeun monumen perjuangan rakyat jawa barat, di taman nu manjang ka arah gasibu. ku ayana patung2 jelema di didinya, mudah2an bisa ngurangan rupa aneh monumen nu ngan ukur beton melengkung nu cenah dicokot tina rupa dapuran awi, karya pematung kahot urang purwokerto, dosen di itb, sunaryo. wilujeng milangkala, dung. sing beuki geulis luis genah merenah tumaninah deudeuh ti kuring, nu ngumbara di anjeun mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

