Kumpul di hareupeun Hotel Preanger, can pati loba nu daratang tabuh tujuh kurang dua puluh menit teh, kuring jeung indung budak hual hiul keneh, aya ge barudak ngora sababaraha urang, teu pati lila aya awewe ngora keneh, nyolongkrong bari ngawanohkeun maneh, satuluyna kuring ngobrol sabulang bentor, eh geuning eta teh tatangga beda RW.
Miang tidinya kira kira tabuh dalapan, lumayan loba nu ngiluan, malah loba anu ti Jakarta sagala, aya kana saratus urang mah, dibagi jadi tujuh grup, kuring sagrup teh aya 14 jalma, aya nu geus sepuh pisan istri yuswana 70 taunan, urang Gorontalo, di Bandung ngumbara nuturkeun paraputrana, pang ngiring ieu aleutan teh, bakating hoyong terang sajarah Bandung, pokna teh kota Bandung kota yang sudah mendidik anak saya, aya 5 putrana anu sakola di PT di Bandung, tur ayeuna tos pada jeneng, malah aya nu janten anggota DPRD di Sumatra. Ari lalakina mah ngan kuring pangkolotna, 56 taun.
Mimiti reg eureun teh di KM 0 Bandung di Jl Asia Afrika hareupeun kantor PU di aya ngajugrug stum paranti ngagiles jalan, jadi papaes hareupeun kantor PU, didieu dicaritakeun kumaha Daendels marentah ka Bupati bandung harita bari nancebkeun iteukna, sangkan lamun inyana balik deui kadina kota geus jadi.
Laju ka Pendapa, kiduleun alun-alun Bandung, kabeneran meunang asup kukurilingan jero Pendapa, budak nu jadi guide teh teu pati eces ngajelaskeun fungsi pendapa, kitu deui naha disabudeureun alun-alun sok kumplit aya masjid, aya pangberokan.
Aleutan diteruskeun ka komplek makan Wiranata II Dalem Bandung anu dianggap ngabaladah dayeuh Bandung, palebah nyebut menak, rada salah pok, kuring ngahuit tong kitu nyebutna, e na siga dina "bela" lain siga dina "beri", ceuk manehna "maklum pak saya orang Jakarta…", kuring ukur ngaheheh pantes kituna mah sok sanajan urang Sunda pituin apan loba keneh anu salah ngalarapkeun kecap basa Sunda teh, kaasup dina buku pangajaran tea, nepi ka aya "batuk ngehkey" tea…!
Aleutan laju deui ka Banceuy, ningali urut pangberokan Bung Karno anu sacangkewok tea, jeung ningali munara pangawasna.
Aeh rada kaliwat, perkara Hotel Preanger ge di eceskeun eta teh hotel kahot beunang Schumaker, ceuk budak guide teh boga gaya artdeco, mun diawaskwun sareretan aya gurat-gurat aksara "S" dina dekorasi di dinding hotel beulah hareup kenca, hotel Homann ge dieceskeun, kaasup gedong gigireun Homann nu ceunah mah geus dibeuli ku salah sahiji bank di Bandung, sigana eta gedong teh keur diantep sarugrugna sangkan lamun dibongkar teu diprotes, supaya teu dianggap ngarugrugkeun bangunan baheula.
Tutas ti Banceuy terus ka Braga, tah di Braga mah euyeub pisan bangunan titinggal Walanda, wandana masih keneh "rada" asli.
Palebah restoran Braga Permai nyimpang heula, reureuh sakeudeung, disuguhan es krim jeung roti, di Braga Permai sarombongan sarombongan meunang ningali dapurna, katukang teh geuning lega keneh pisan, didapur aya keneh open (paranti ngabeuleum roti), ceuk juru dapur sabenerna eta open teh bisa keneh dipake, ayeuna tara dipake kulantaran manaskeunana kudu ku suluh.
Nu diilikan gedong Bank Indonesia, Gereja, Kodam, Kodiklat (urut Jaarbeurs), di hareupeun gedong tantara mah teu meunang motret da sok digebah ku CPM, padahal lamun rek niat curaling mah babari ayeuna mah kamera tinggal disumputkeun jeprat jepret kamana ge gampang.
Loba anu ditingali, sabenerna mah mindeng ningali kabeh gedong ge, tapi ari ukur ngaliwat mah arang langka hayang nyaho sajarahna, ari keur ngilu kitu mah resep ngaregepkeunana.
Budak anu mere penjelasan teh lulusan arsitek ITB, ayeuna cenah geus gawe di Bandung, teu hayang balik deui ka Jakarta, majarkeun di Bandung mah geunah keneh ,tara macet, teu bayeungyang hareudang, jaba resep ku urang Sunda anu someah, ceuk kuring teh bari heureuy…yah orang seperti anda yang bikin Bandung menjadi heurin ku tangtung teh, harusnya kembalilah ketempat asalmu dengan sebaikbaiknya.
Nepi ka Gedong Sate, kurang leuwih jam 12 beurang, langsung dibere "minuman selamat datang" cendol sagelas, jeung sangu timbel, brak dahar bareng ngampar dina jukut, niat mimiti mah hayang naek kana munara gedong sate, ceuk panitia ijin geus aya, ngan teu jadi lantaran gegeden Gedong Sate ngadadak keur karokean di rohangan munara, bedul teh.
Indung budak ngariung jeung barudak gadis sejenna, meureun dianggap rada aheng pedah geus kolot masih keneh ngingilu kitu, nya aya wartawan duka teuing ti koran naon ngawawancara ka ibu Habibah nu tos 70 taun tea jeung indung budak.
Didagoan nepi ka jam 3, gegeden nu karokean can anggeus, kuring amitan ti heula da budak geus mere tangara hayang dijemput di tempat kursus tari.
Mayar 45 rebu perak teh sugema, aya kateu sugema teh ka gegeden anu karokean tea, cing atuh ari geus mere ijin mah kudu tuhu kana jangji, ulah ngalalaworakeun kitu, kuring mah rek mere iber ka baraya sarerea komo ka nu ngarora mun hiji waktu aranjeun jadi gegeden ulah kitu kalakuan.
 
MSasmita
 
*Aya babasan "keplok cendol", ari disidik-sidik nu sok keplok siga kitu mah da lain cendol tapi cingcau, kuduna mah disebut "keplok cingcau"
** Kanggo Kang Hidayat Sutrisna di Sagara Keusik, iraha atuh mulang ka Bandung, urang ameng nostalgia ka Jatayu ....!!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke