|
Wios atuh nu 25% mah, kajabi tiasa deui
dihudangkeun.
Kumaha upami nu 50% we nu majar nuju sakarat,
manawi upami sae infusna mah sugan we tiasa menyat deui, tina nu 50% teh
diidentifikasi peran jalmi anu pang dominanna, misal dina wayang, nu
pangnyongcolangna peran teh nyaeta dalang, sugan we tiasa diidentifikasi
sapertos kitu dina kasenian nu 50% nu nuju sakarat tea.
Jalmi anu pangdominna, diwilah deui ku yuswana,
upamina nu yuswana 65 taun kaluhur, teras didata aya sabaraha
jalmi.
Tos jentre datana, langsung we dipasihan insentif
misal 500 rebu sasasih, etang-etang penghargaan kana katiasana, mung kedah aya
kawajiban nurunkeun elmuna ka anu anom.
Ke urang etang-etangan geura, disebatkeun 25%
tos teu aya dikieuna, panginten kirang langkung 75 wanda kasenian tos ilang
musnah, 150 wanda nuju sakarat (50%), anggap we nu disebat jalmi dominan tea
sareng yuswana 65 taun atanapi langkung unggal kasenian aya 3 jalmi, janten aya
450 jalmi, dina sataun peryogi waragad 2,7 milyar (500rebu x 12 x
450) eta teh kanggo ngabayuan unggal sasih nu etang-etang gajih
tea.
Upami aya kawijakan kitu tangtos data teh
bakal mucunghul, malah boa janten seueur, upami janten seueur hartosna sanes
nuju sakarat, atanapi tiasa bae pedah aya "mark up" data ti desa atanapi ti
kacamatan atanapi ti nu ngurus kabudayaan/ kasenian. Tah eta jalmi anu digajih teh dijantenkeun narasumber kanggo
ngadokumentasikeun sareng kedah nurunkeun elmuna tea.
(hartos sakarat didieu kanggo sim kuring mah
seniman anu tiasa tos arang langka, nu nanggap nya kitu deui)
Esensi senina mah urang ulah ngingiring da eta
mah kumaha para seniman,hak seniman, maksad teh ulah dugi
ka supados tiasa ngigelan jaman supados dipikaresep ku barudak ngora
der we tembang Cianjuran ditambihan ku "organ tunggal".
Aya deui nu kedah diperhatoskeun nyaeta
ngadokumentasikeun, boh dina wangun buku, boh dina wangun rekaman digital audio
visual, ulah mung sakadar deskripsi, supados nu bade nalungtik atanapi bilih
bade aya nu nyobi kapayuna tiasa eces.
Geura mangga tingal buku kenging Wim van Zanten
ngeunaan tembang Sunda, apan sakitu kandelna, malih aya notasina sagala (basa
Inggris,305 kaca,1987), kitu deui J.Kunst dina bukuna Music in Java (basa
Inggris, jilid 1 sareng jilid 2 teh 640 kaca, 1949), teras buku buku kenging Pa
Machyar Angga Kusumadinata sababaraha jilid aya Pangawikan Rinenggaswara
(ringkesan elmuning kanayagan) sajilid, Kawih Murangkalih 3 jilid, Sari Arum 3
jilid, dijumlah jamleh aya 364 kaca, taun terbit taun 50an.
Sakitu sabulangbentor ti sim kuring.
Kahade waragad anu 2,7 milyar teh sanes kanggo
acara seremonial, sanes kanggo pekan kesenian, sanes kanggo seminar, sanes
kanggo pidato, tapi eta mah malulu kanggo gajih seniman, ulah dipotong
biaya administrasi deuih.
MSasmita
NB : Saur Apih Siddik di Korea mah nu tiasa kana
kasenian tradisional teh digajih ku pamarentah, kapan saur Kaos korupsi ge "elmu
tungtut dunya siar, hade turut goreng singlar" wios nurutan ka Korea ge upami
sae mah.
Ka Teh Ika, kumaha waragad 2,7 milyar sataun kanggo
gajih seniman sepuh tiasa panginten dianggarkeun....he he...!!.
Ka baraya sadayana bilih peryogi buku
"Semerbak Bunga Di Bandung Raya" Haryoto Kunto, kandelna 1000 kaca langkung,
kondisi 90%, mangga kontak ka sim kuring masih aya stok hiji deui,ipekahna rada
awis 750rebu, teu aya nawis bin negosiasi, dikaluarkeun teh pedah we aya buku nu
nuju diudag, buku nu diudag teh rada awis 3 kalieun buku
Semerbak.....!!
Ganjar Kurnia wrote:
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- [Urang Sunda] Re: Ngadamel saran kangge kasenian MSasmita
- [Urang Sunda] NAMBIHAN --> Re: Ngadamel saran kang... urang_cupumanik
- Re: [Urang Sunda] Re: Ngadamel saran kangge kasenian ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] Re: Ngadamel saran kangge kasenian hangjuang bodas

