<[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ngeunaan ustad nyarekan lamun ngagogoreng ka ustadna sacara > indipidu mah nya memang goreng. ngan lamun SEBAGAI (poho sundana) > kritik mah asa merenah oge di cemplungkeun ka ieu milis. > pan US teh kalolobaanna Islam. sugan we aya nu > bisa mangnepikeun ka ustadz-ustadz. > simkuring ge remen ngadenge nu khotbah > eusina dengki wungkul, asa teu alus lamun kudu diuar-uar ka umum.
Walah, naha soal "pastorr" jadi lumpat ka kuring? sabab kuring nu ngasupkeun posting make judul KHOTBAH NYAREKAN teh, lain ustadz nyarekan. Keur klarifikasi, bisi jadi PITENAH, pajarkeun kuring ngagogoreng dulur sorangan atawa agama kuring sorangan, ku kuring dicutat deui tulisan kuring dina posting eta, dihandap ieu : *************** Kadang-kadang kuring sok teu ngarti, naha nu khotah jumaahan, bet nyarekan jeung ngagogoreng batur? jiga wartos dihandap ieu, aya nu khotbah di Masjid DPRD DKI nyarekan Gus Dur. Atuh puguh nu ngareungeuna, pangpangna mah ti unsur PKB, ngambek. Jumaahan nu maksudna keur nengtremkeun hate, bade muja Alloh Swt, malah nu kaluar amarah .... " Wartosna nyanggakeun : Khotib "Pencaci" Gus Dur Minta Maaf http://www.gatra.com/artikel.php?pil=23&id=97393 *************** Nyanggakeun we ka baraya sadayana, naha tulisan kuring nu diluhur teh ngagogoreng dulur sorangan/ agama kuring atawa ukur kritik. Naon sababna kuring wani nulis/ngritik kieu? Enya da nu Khotbah ge jelema lain malaikat, kudu aya nu ngageuing, lamun khotbahna ngacapruk. Kuring inget, kungsi posting di KUSNET, soal nu khotbah sebat-sebut kamana wae. Salian nulis didieu, kuring ngomong ka pangurus DKM. Ari sugan teh moal ditepikeun ka Pa Ustadz nu khotbah. Naon, cing jawab Pa Ustadz? kurang leuwih kieu: "Hatur nuhun dikoreksi, keur masukkan abdi ari khotbah, jeung atoh khotbah abdi aya nu ngareungeukeun, da lolobana mah narundutan". Pa Ustadz nu jembar hatena teh, kaasup ustadz kasohor di Bandung mah. Ari kahayang teh, samemeh nyebut/nuduh "ngagogoreng batur", ditunjukkeun heula, mana kalimah nu ngagogoreng batur teh. Sabab engkena bisi jadi PITENAH. Pan cilaka tah kuring ..... atawa memang supaya kuring cilaka kitu, aya nu ngarah-ngarah da pajarkeun ngagogoreng .... Hatur nuhun. Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

