Duka atuh. Kuring cuman pansaran wungkul jeung ngarasa aya ketidak adilan. Ti baehuela kuring sering mendakan postingan ngeunaan perbuatan salah/dianggap salah  nu dilakukeun ku ustad, ku kelompok nu ngatasnamekeun Islam, ku Indipidu orang Islam. pokona ku orang-orang nu mawa atribut Islam. Tapi ku kuncen di antep. Nah..pas kamari aya postingan ngeunaan Pastor anu salah langsung "dicarekan" ku kuncen. 

Tah...kahayangmah kudu adil. Mun kagorengan pasor teu meunang diasupkeun ka dieu nya komo deui kagorengan/kasalahan baraya urang oge teu meunang diasupkeun kadieu. Komo aya sangkut putna jeung masalah agama-mah. Nu notabenena masalah nu sensitip. Dugi ka danget ieu asateh can aya putusan resmi ti kuncen ngeunaan postingan nu nyaritekeun kagorengan dulur urang (Muslimin/muslimat). Nu geus teges karek ULAH NGOMONGKEUN KAGORENGAN BATUR (pastur).

On 12/09/06, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Asa tibaliknya kang ?..…heuheuheu..….tapi keur koreksian nyalira mah sae wae……kumaha maksadna.

 

Nyanghareupan masalah nu jiga kieu (kagorengan urang atanapi batur) urangna kedah leuwih "smart".

 

Saena mah kanggo milis ieu,informasi-informasi anu kenging ti tatanggi sabelah ulah langsung di reply ka milis ieu,pan unggal milis beda visi jeung misi meureun, mun kapaksa teui bere wae alamat internetna ulah eusi na.Bilih aya nu salah sangki,salah tafsir.jeung salah kirim.

 

"bang…SMS siapa…ini bang…bang pesannya pake sayang-sayang…nampaknya dari pacar abang……." ieu mah kamana mendi wae…hehehehe

 

 

Salam

 


From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of maman durahman
Sent: 11 September 2006 12:28
To: [EMAIL PROTECTED]ups.com


Subject: Re: [Urang Sunda] Pastorrr

 

Nuhun bah, informasina.

Di milist urangmah asa jarang pisan postingan ngeunaan kesalahan jalma nu nganut agama non Islam. Pendeta nu salah, uskup nu boga salah. Arang pisan aya nu mosting. Tapi sabalikna mun aya ustad dianggap melakukan kesalahan hayo wae langsung beritana diforwadkeun kadieu. Kitu deui Mun aya umat Islam nu dianggap ngalakukeun kasalahan tangtu diforward milist ieu. Terus ahirna jadi rame, pada-pada "menghujat" dulur sorangan. Kuring geus lila ngiringan mulist ieu. Tah...kitu kaayanana nu katitenan ku kuring. Jeung henteu sakali dua kali tapi sering.

Tah...berita ti abah mah beda. Nuhun...



On 10/09/06, abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

ti tatanggi payun....




--
Wasalam,
Durahman




--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke