Biasa, ari masalah nu kieu mah rame... jadi hayang miluan aaah Satuju pisan Mang J... Mung aya nu kedah dijelaskeun heula, naon maksadna "Sunda jeung Kasundaan" teh? Jeung naon watesanana?
Lamun misalna Kang Durahman hayang urang "Sunda" jadi jelma nu kritis enyaan lain kikiritisan eta kalebet henteu kana SUnda jeung kasundaan? Contona kieu, nu katangkep kamari teh Kang Dur masalahkeun kunaon kritis teh ka kasundaan atawa ka agama (sabagean besar) urang Sunda? Ngarah aman sabab misalna aya nu nyarekan bisa malikeun: "ah pan urang ge urang Sunda". Ceuk pamaggih abdi mah asana mah kritis model kieu teh lain kritis enyaan. Conto kaduana, geus kabiasaan di urang (Endonesiah kitu?) mun aya padungdeng teh sok kadang-kadang kaditu kadieu. SIga kamari, Gus Dur teh "diingetkeun" atawa "diomongkeun" dina khutbah. Seug nu rame teh jadi "naha di khutbah kalah ngomongkeun batur?". Khotibna ceunah geus menta dihampura, manehna meureun ngarasa salah cara "ngingetkeunnana". (Sanajan kuring mah teu ngarasa cara eta salah2 teuing da Gus Dur teh inohong laias Public Figure nu kudu siap "diomongkeun" ku saha bae iraha bae. Keun bae da khotibna oge geus menta dihampura) Ngan nu jadi leungit tina bahasan teh naha enya nu disampekeun ku eta khotib ngeunaan Gus Dur teh bener atawa henteu? Informasi (Materi khutbahna) teh jadi kasilep ku riributan CARA. Padahal ceuk kuring mah informasi ieu oge teu eleh penting. Penting ngarah urang (Sunda?) nyaho yen nu ngaku ulama teh lain ku pedah anak kyai jeung pedah ku loba wadya baladna. Tah nu kieu pembelajaran lain? Sanes kitu Kang Dur, mun salah hampura jeung tong hilap dilereskeun .. Baktos Yudi --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > perkawis postingan pastur ngan ukur neruskeun ti milis batur. > > TEU KUDU maksa posting hal2 nu teu pati patali jeung sunda kasundaan. dina teu ayana kudu pisan gaduh eusi matak minterkeun, ngaludeungkeun, nambah pangaweruh, jadi ngarti atawa sarupaning pencerahan, kitu tah, meureun. > > sakitu > kuncens #3 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

