Hatur Nuhun Kang Asep tanggepannana...

Leres panginten seratan teh... khotibna oge parantos nuhunkeun
dihapunten ka Gus Dur... 

Mung pamendak abdi di handap mah aya saena padungdeng teh maju ti ieu
bahasan: ngabahas "tuduhanna" ka Gus Dur. Mun nyata "omongan" eta
khitob teu bener, tuduhan samacem kitu teu payus diomongkeun di
hareupeun umum iraha wae, lain wungkul keur khutbah.

Baktos
Yudi 


--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Teuing ah, perkara Jumaahan téh asup kana bagbagan Sunda-kasundaan 
atawa henteu. Ngan kuring mah rek miluan nyawalkeun perkara Jumaahan.
 Di masjid UI, saméméh khutbah, sok aya béwara anu unina kira-kira
kieu:  "Handphone tolong dimatikan untuk menjaga kesyahduan suasana
ritual  khutbah dan shalat Jumat". Asana pas pisan éta eusi béwara téh
maké  kecap "syahdu", anu jauh ti bancang pakewuh. Tangtuna ogé lain
jamaah  oge anu kudu ngajaga "kesyahduan" téh, tapi khotib ogé.
>   
>   Ceuk kuring mah eusi khutbah téh ulah déngdék ka kénca atawa ka
katuhu,  tapi kudu siger tengah. Jeung teu kudu nyabit-nyabit tokoh
sagala rupa,  komo anu loba balad jeung musuhna mah, atawa ngomongkeun
pulitik, atawa  naon baé anu lain kaahlianana. Tapi, nya kitu, teu
saeutik khotib anu  kitu téh. Antukna jamaah haténa teu bisa "syahdu",
némpas teu wani  sabab sieun batal téa, tapi kana eusi khutbah teu
satuju. Jadi, ceuk  kuring mah, eusi khutbah téh cukup ku mere
pépéling ngeunaan aqidah,  fiqih, tauhid, jeung lianna anu sarupa kitu. 
>   
>   Teuing lamun aya khotib nu ngarasa ieu aing pédah bisa biantara di
 hareupeun jalma réa, tuluy jadi poho kana kamampuh diri, ulah mikir
"nu  penting mah capétang".
> 
>   Teuing ah,
>   
>   AJ
> yudi_irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                   
              Biasa, ari masalah nu kieu mah rame... jadi hayang
miluan aaah
>   
>   Satuju pisan Mang J... Mung aya nu kedah dijelaskeun heula, naon
>   maksadna "Sunda jeung Kasundaan" teh? Jeung naon watesanana?
>   
>   Lamun misalna Kang Durahman hayang urang "Sunda" jadi jelma nu kritis
>   enyaan lain kikiritisan eta kalebet henteu kana SUnda jeung
kasundaan? 
>   
>   Contona kieu, nu katangkep kamari teh Kang Dur masalahkeun kunaon
>   kritis teh ka kasundaan atawa ka agama (sabagean besar) urang Sunda?
>   Ngarah aman sabab misalna aya nu nyarekan bisa malikeun: "ah pan urang
>   ge urang Sunda". Ceuk pamaggih abdi mah asana mah kritis model kieu
>   teh lain kritis enyaan.
>   
>   Conto kaduana, geus kabiasaan di urang (Endonesiah kitu?) mun aya
>   padungdeng teh sok kadang-kadang kaditu kadieu. SIga kamari, Gus Dur
>   teh "diingetkeun" atawa "diomongkeun" dina khutbah. Seug nu rame teh
>   jadi "naha di khutbah kalah ngomongkeun batur?". Khotibna ceunah geus
>   menta dihampura, manehna meureun ngarasa salah cara "ngingetkeunnana".
>    (Sanajan kuring mah teu ngarasa cara eta salah2 teuing da Gus Dur teh
>   inohong laias Public Figure nu kudu siap "diomongkeun" ku saha bae
>   iraha bae. Keun bae da khotibna oge geus menta dihampura)
>   
>   Ngan nu jadi leungit tina bahasan teh naha enya nu disampekeun ku eta
>   khotib ngeunaan Gus Dur teh bener atawa henteu? Informasi (Materi
>   khutbahna) teh jadi kasilep ku riributan CARA. Padahal ceuk kuring mah
>   informasi ieu oge teu eleh penting. Penting ngarah urang (Sunda?)
>   nyaho yen nu ngaku ulama teh lain ku pedah anak kyai jeung pedah ku
>   loba wadya baladna. 
>   
>   Tah nu kieu pembelajaran lain? 
>   
>   Sanes kitu Kang Dur, mun salah hampura jeung tong hilap
dilereskeun  ..
>   
>   Baktos
>   Yudi   
>   
>   --- In [email protected], mj <mangjamal@> wrote:
>   >    
>   >   perkawis postingan pastur ngan ukur neruskeun ti milis batur. 
>   >    
>   >   TEU KUDU maksa posting hal2 nu teu pati patali jeung sunda
>   kasundaan. dina teu ayana kudu pisan gaduh eusi matak minterkeun,
>   ngaludeungkeun, nambah pangaweruh, jadi ngarti atawa sarupaning
>   pencerahan, kitu tah, meureun.
>   >    
>   >   sakitu
>   >   kuncens #3
>   
>   
>       
>                                     
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail.
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke