sikep polos dipake bener ku pajabat, angka korupsi ngurangan. sabab nu
pikiranana polos bin lempeng mah, meureun teu kapikir pikeun korupsi. 
sikep polos dipake supir taksi, nya ongkos teh ngan saaya-saya dina argo,
teu kudu nawar. sikep polos keur jaman kiwari cenah matak moal naek
jabatan atawa pijauheun ka beunghar, nya palebah dinya mah pangeran teh
teu sare.  urang ngagem agama hade tapi ari prakna  sarua jeung batur nu
kapir-teu ngagem agama hade eta- mah, nya naon bedana.

sikep polos loba dipake jeung dipraktekeun di nagara maju. presiden
selingkuh diimpeachment, di urang mah pajabat ngampihan gundik, aman. aya
gubernur bank di batur nu make fasilitas nagara pikeun kapentingan
pribadi, ngarasa salah, mundur. pajabat jepang gagal atawa kapanggih
milampah hal goreng, dina teu maehan karep oge mundur. diurang mah teu
boga tradisi kitu, da nu salah mah bawahan-teu nutup buni kasalahan
dunungan-paribasa jawana poho deui. mendem jero mikul duwur meureun.

openmind jeung paradoks
geus ti baheula ge asana mah, bangsa urang teh bangsa nu open-mind, duka
pedah belegug duka pedah pinter. ditawaran hutang ku imf atawa dibere
hutang ku bank dunia teh nu dirasa ngan ngarasa reueus, sabab dianggapna
dipercaya batur. rajin we ngahutang. cenah hutang urang geus salaput hulu.
diolo duit sagepok ku juragan yankee soal freeport jeung cepu, nya nurut.
mangga sadaya-daya.

ideologi nagara pancasila, tapi sabab openmind, sagala ideologi jadi aya,
ti liberal nepi ka barbar aya. haha.

urang kudu boga sikep. open-mind, pikiran dibuka lega, alusna pikeun
hal-hal nu cocog jeung niley2 nu kurang dipake atawa geus jadi ciri bin
watex. sabab mun teu kitu, komo bari jeung boga mental inferior, matak
sagala asup. enya kudu boga saringan nu kuat.

rumasa teu bisa mere pagawean ka sakabeh rahayat, nya pamarentah muka
kasempetan pikeun pausahaan asing pikeun muka pabrik di urang. padahal
sabagean eta pausahaan teh (cenah) nu cenah yahudi. keukeuh jadi paradoks
siga karedok. sisi dieu, rahayat jadi boga panghasilan, bisa boga
pakasaban, bisa ngiridit motor, mobil jeung imah btn. di sisi sejen,
indonesia teu boga hubungan diplomatik jeung israel, hartina teu ngaku
ayana nagara israel. tapi pausahaana nu yahudi mah-nu cenah sawareh
kauntungananana dikirim ka israel- aya jeung loba di urang.

insinyur2 mesin ngan ukur gawe bagian miara/pemeliharaan, teu digawe
ngarancang mesin. sabab mesin mah geus aya dijieun ku urang jepang.

open-mind nu lega teuing matak ngajadikeun urang liberal. dina agama mah
malah sok nepi ka sinkretis tea meureun-dina teu jadi atheis oge-sabab
ngagabungkeun sakabeh ajaran nu aralus luyu jeung akal sehat.


meureun ketang.

mj

http://geocities.com/mangjamal










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke