> Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Anu kadua, naha nya urang téh (maksud teh bangsa Indonésia), aya ku 
> resep pisan kana singgetan: mulok, ruko, rumkit, pentilkecakot, 
jsté. > Ceuk kuring mah ieu téh ngaleungitkeun akar kecap, sajarah, 
jeung 
> hari asal muasalna éta kecap. Jadi, teu anéh mun beuki dieu téh 
> Bahasa Indonésia jadi basa nu liar. Boro-boro rék jadi basa élmu
> jeung téknologi. Boa-boa kecap téknologi "perunut lengkung" 
> (curvetracer) bakal disingget jadi "pelengkung", atawa nu séjénna.

Kang AJ, cenah nu resep nyingket-nyingketkeun teh dimimitan ku 
tantara (ABRI). Maksudna mah pan ari tantara mah sok urusanana jeung 
kecap-kecap sandi. Tah kulataran di urang mah kamari ieu nu kawasa 
teh rezim militer, kabiasaan ieu teh nyaliara ka masyarakat umum. 
Waktu kuring keur mahasiswa, taun 1970'an, kungsi asup ka kantor 
tantara, di Jl. Aceh. Oh .... alah ..... kuring lieur dijero, teu 
bisa neangan rohangan nu dituju, kabeh singketan.

Tantara oge nyingket nu sabenerna mah geus aya singketanana, siga RS 
(Rumah Sakit), maranehna mah lain, jadi RUMKIT. Ambulans RS Yudistira 
Cimahi, baheula mah tulisanana RUMKIT Yudistira. 

Boga babaturan tukang heureuy, ngaheureuyan ka kuring waktu ngaliwat 
hareupen kantor tantara. Aya papan panunjuk make tulisan PUSDIKKU. 
Manehna nanya, naon cenah Inggrisna Pusdikku. Kuring ngahuleng, nyoba 
natarjamahkeun da sieun disebut bodo dina Basa Inggris : "PU tina 
pusat, jadi center, DIK ...tina pendidikan, course, KU tina ..."

Can ge beres natarjamahkeun, babaturan geus nempas:" "Bodo maneh mah, 
MY PUSDIK, basa inggrisna teh!"

Baktos,
WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke