Assalamu'alaikum wr, wb.
Baraya...,
urang kultum heula, sugan aya
manfaat pikeun urang sarerea. Ieu aya oleh-oleh ti kang ustad leboy bin Didi
anu tos diterjama'ahkeun ku sim abdi.
mangga
nyanggakeun....:
Saha nu benghar jeung saha nu
Miskin.....???
Dina hiji poe, aya salah saurang
kolot (bapana) mawa jalan-jalan (leuleumpangan) salah saurang anakna nu lalaki
ngurilingan hiji nagri, anu tujuanana pikeun nembongkeun ka anakna kumaha
miskina kahirupan jalma-jalan di sabudeureunana.
Maranehna meakeun waktu
sababaraha poe di hiji imah salah saurang kulawarga patani anu dianggap ku
bapana kaasup salah saurang kulawarga nu pang miskina.
Sanggeus balik
tina eta lalampahan sarta geus aya di imah, bapana tumanya ka anakna
:
"Kumaha lalampahan tadi jang....?"
"hiji lalampahan anu kacida
munelna..., pa..."
"Geus katempo ku anjeun kumaha miskina kaayaan
jalma-jalma tadi...?, bapana nanya deui.
"ehmmm...nya muhun atuh,
pa.."
" Ayeuna geura prak caritakeun, naon anu katempo ku hidep sarata bisa
mere pangajaran atawa elmu keur hidep...," bapana nanya
deui..."
Saterusna eta budakna ngajawab :
"Kuirng nempo yen urang
boga anjing hiji, tapi maranehna boga opat anjing,
Urang boga balong
paranti ngojaya nu panjang satungtung ieu taman, tapi maranehna boga walungan
anu eueweuh tungtungna.
Urang meulian lampu-lampu keur taman anu mahal
jeung alus, tapi maranehna ngabogaan cahaya bentang nu endah mun wanci peuting
datang.
Bale-bale tempat urang diuk legana nepi ka buruan hareup,
sedengkeun bale-bale maranehna palataran bumi anu kacida legana.
Urang
ngabogaan tanah anu heureut keur tumeteup, tapi maranehna boga pakebonan anu
legana satungtung deuleu..
Urang boga pambantu/pakacar pikeun ngalayanan
urang, tapi maranehna sabibilungan silih bantuan diantara maranehna.
Urang
mah lamun hayang kadaharan tinggal meuli, tapi maranehna usaha/ikhtiar pikeun
nyieun kadaharan ku sorangan.
Urang ngabogaan imah anu ditembok
sakuliringna pikeun ngajaga tima marabahaya, tapi maranehna miboga dulur anu
keur silih belaan jeung silih talingakeun tina marabahaya.
Bapana teu
lemek teu nyarek estuning cicing ngabigeu siga nu heurin ku
letah.
Saterunsa manehna (budakna) neruskeun deui omonganana : " Pa,
hatur nuhun parantos ningalikeun ka diri abdi geuning urang teh leuwih miskin
tibatan maranehna..."
Ieu carita teh kacida endah jeung munelna pikeun
ditafakuran ku uarng sarerea, anu nimbulkeun urang sarerea dilimpudan ku
pananya, naona anu bakal tumiba lamun urang sakabeh ngucapkeun syukur keur
sakabeh anu ku urang dipimilik, tibatan hariwang ku naon anu can kapimilik ku
urang.
Hayu urang hargaan naon-naon anu ku urang dipiboga sarta silih
hargaan jeung tulung tinulung jeung sasama ku cara mere kabungahan jeung imut
nu leleb nu bakal ngajadikeun hiji kabagjaan pikeun urang sarerea
(maranehna).
Cag...ah, nuhun.
(punten bilih aya nu lepat atanapi
kirang merenah di undak usuk basana)
Wassalam.
"kkbm'69"
-nu
masih keneh diajar....