(ari dina pikiran sok leres naha pasa kana keyboard jadi kieu....hehehe)
"kkbm'69"
Punten Kang Boimbenghar .......................................... beunghartumeteup ........................................ tumetepjalan-jalan (leuleumpangan) .............. ngalanto tapi mun nyiruruk mah sigana nganjangsabibilungan ................................... sabilulunganningalikeun .................................... nembongkeunmunel ............................................ mundeleta ge panginten nya ...firmanurangsamisamidiajar----- Original Message -----From: kang boimSent: Friday, September 15, 2006 11:16 AMSubject: [Urang Sunda] " Saha nu Benghar jeung Saha nu Miskin.....??? (Kultum)Assalamu'alaikum wr, wb.
Baraya...,
urang kultum heula, sugan aya manfaat pikeun urang sarerea. Ieu aya oleh-oleh ti kang ustad leboy bin Didi anu tos diterjama'ahkeun ku sim abdi.
mangga nyanggakeun....:
Saha nu benghar jeung saha nu Miskin.....???
Dina hiji poe, aya salah saurang kolot (bapana) mawa jalan-jalan (leuleumpangan) salah saurang anakna nu lalaki ngurilingan hiji nagri, anu tujuanana pikeun nembongkeun ka anakna kumaha miskina kahirupan jalma-jalan di sabudeureunana.
Maranehna meakeun waktu sababaraha poe di hiji imah salah saurang kulawarga patani anu dianggap ku bapana kaasup salah saurang kulawarga nu pang miskina.
Sanggeus balik tina eta lalampahan sarta geus aya di imah, bapana tumanya ka anakna :
"Kumaha lalampahan tadi jang....?"
"hiji lalampahan anu kacida munelna..., pa..."
"Geus katempo ku anjeun kumaha miskina kaayaan jalma-jalma tadi...?, bapana nanya deui.
"ehmmm...nya muhun atuh, pa.."
" Ayeuna geura prak caritakeun, naon anu katempo ku hidep sarata bisa mere pangajaran atawa elmu keur hidep...," bapana nanya deui..."
Saterusna eta budakna ngajawab :
"Kuirng nempo yen urang boga anjing hiji, tapi maranehna boga opat anjing,
Urang boga balong paranti ngojaya nu panjang satungtung ieu taman, tapi maranehna boga walungan anu eueweuh tungtungna.
Urang meulian lampu-lampu keur taman anu mahal jeung alus, tapi maranehna ngabogaan cahaya bentang nu endah mun wanci peuting datang.
Bale-bale tempat urang diuk legana nepi ka buruan hareup, sedengkeun bale-bale maranehna palataran bumi anu kacida legana.
Urang ngabogaan tanah anu heureut keur tumeteup, tapi maranehna boga pakebonan anu legana satungtung deuleu..
Urang boga pambantu/pakacar pikeun ngalayanan urang, tapi maranehna sabibilungan silih bantuan diantara maranehna.
Urang mah lamun hayang kadaharan tinggal meuli, tapi maranehna usaha/ikhtiar pikeun nyieun kadaharan ku sorangan.
Urang ngabogaan imah anu ditembok sakuliringna pikeun ngajaga tima marabahaya, tapi maranehna miboga dulur anu keur silih belaan jeung silih talingakeun tina marabahaya.
Bapana teu lemek teu nyarek estuning cicing ngabigeu siga nu heurin ku letah.
Saterunsa manehna (budakna) neruskeun deui omonganana : " Pa, hatur nuhun parantos ningalikeun ka diri abdi geuning urang teh leuwih miskin tibatan maranehna..."
Ieu carita teh kacida endah jeung munelna pikeun ditafakuran ku uarng sarerea, anu nimbulkeun urang sarerea dilimpudan ku pananya, naona anu bakal tumiba lamun urang sakabeh ngucapkeun syukur keur sakabeh anu ku urang dipimilik, tibatan hariwang ku naon anu can kapimilik ku urang.
Hayu urang hargaan naon-naon anu ku urang dipiboga sarta silih hargaan jeung tulung tinulung jeung sasama ku cara mere kabungahan jeung imut nu leleb nu bakal ngajadikeun hiji kabagjaan pikeun urang sarerea (maranehna).
Cag...ah, nuhun.
(punten bilih aya nu lepat atanapi kirang merenah di undak usuk basana)
Wassalam.
"kkbm'69"
-nu masih keneh diajar....
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

