Tadi sore jam 15.15 kuring asup ka mal Jogja di Jl. Siliwangi Garut. 
Sanggeus markir mobil butut "si kukut", kuring asup ka toko
baju/calana. da niatna oge rek meuli calana panjang. Rumasa
ngagendutan awak teh. Calana anu dipake oge meni mereketengteng teu
asup kana cangkeng.
Bari naek eskalator, konci mobil teh dikeukeuweuk we.... Kitu deui
bari milih calana.
Sanggeus aya anu cocok ukuran jeung modelna, kuring nyobaan eta calana
di kamar pas. Si konci teh diasupkeun heula kana calana anu dipapake
ti imah (anu sereg tea).

Kaluar ti kamar pas, nya terus menta bon. Da cocok pisan calana teh
boh modelna boh nomerna. Terus weh dibayar.... Sanggeus nyokot barang
di tempat pengambilan barang.  Kuring turun ka lantai handap. Da
harita teh meuli calana teh di lantai 4.  Di lantai 3 papanggih jeung
urut kabogoh anu keur anteng milihan baju jang si bungsu.

Sanggeus sababaraha waktu, kuring karak sadar! Kunci leungit!!!!!!
"Ari konci di Ibu????" cekeng teh ka pamajikan.
"Ih, duka apanan tadi dikeukeuweuk. Cing taroskeun ka SPG di lantai 4
tadi. Bisi tinggaleun!"

Deregdeg kuring lumpat, henteu we dudupak ka batur. Da lumpat bari
baluweng. Manggihan si SPG tea. "Teh konci mobil teu? digantungan
dompet konci hideung?"
"Har, apanan tadi dicepengan ku Bapak. Didieu tah tadi teh abdi
ningal" waler si SPG bari nunjukeun lebah mana manehna ningali kuring
nyenyepeng konci.

Deregdeg, lumpat ka kamar pas, bisi tingaleun atawa ragrag. Lebeng. 
Deregdeg, lumpat ka Satpam (di lantai 1), ngalaporkeun bari menta
bantuan pangneangankeun. Manehna langsung ngontak ka sakabeh operator
satpam di lapangan supaya neangan konci tea.  
Deregdeg ka bagian informasi, menta dipangumumkeun yen sing saha anu
manggihan konci mobil jeung STNK atas nama Syafei Hamzah (lanceuk
kuring) poma kudu diserahkeun ka bagian informasi!
Sababaraha kali diumumkeun, antukna... kabeh SPG anu teu sibuk mah
marilu neangan. Baju, calana anu dina box kabeh di aduk-aduk!

Lebeng teu aya...inget... ah boa-boa tingaleun dina mobil (geus puguh
apanan tadi dikeukeuweuk!). Deregdeg deui lumpat ka tempat parkir!
Panggih jeung tukang parkir, "Kang punten upami aya jalmi, nyandak ieu
mobil kade ulah dikaluarkeun. Koncina tadi ragrag jigana. Ayeuna nuju
dipilarian!"

Kuring jeung si tukang parkir, hantem luha loho ka jero mobil. Bisi
tingaleun di jero!  Aya opat kali mah!  TETEP TEU AYA!  Mangkaning
karak sapoe, STNK-na beres... karak 2 poe eta di BBN make ngaran
lanceuk kuring.... bari beak duit lain saeutik....ari pek ngadon leungit!

Deregdeg deui lumpat ka lantai 4, meakeun kapanasaran. Geus era ku SPG
jeung ku satpam. Tapi kuring teu paduli....
Lebeng...Ngahuleng...Ngaheneng!
Ahirna mah pasrah, bari menta tulung ka Gusti Allah rumasa kuring loba
dosa meureunan. Kuring ngalenghoy, pasrah...ari balik mah pasti bisa
(da boga konci cadangan dina loket!)

Bari leumpang ngalenghoy. KUring turun ka lantai dasar. Sajeroning
leumpang kuring terus, istigfar. Terus ngodok saku, karasa aya duit
pamulangan meuli KOMPAS (meuli KOMPAS tadi teh, da aya berita kuring
jeung babaturan geus ngadu ka DPR perihal Ujian Nasional tea!).
Gerendeng weh, hate teh nyarita:"Duh Gusti, upami eta konci kapendak
deui. Abdi bade, ngalebetkeun ieu artos kana koropak masjid sadayana!"

Jrut weh, ahirna mah turun jeung pamajikan.  Bari kuring meureun ku
naek kana panto bagasi. Da konci cadangan mah teu boga.  Na atuh....
aneh bin ajaib. KONCI TEH, BET AYA NGAGOLER DI LUHUREUN JOK HAREUP!
(Padahal kabeh kaca panto jeung jandela narutup!)

Sidik tadi uing aya kana 4 kalina jeung tukang parkir. Mariksa, euweuh
apanan!
Tapi naha ayeuna bet jadi aya?????

Kumaha tah?????



15 September 2006










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke