tah ieu kakuasaan Gusti Allah, abdi oge lamun carita aya oge ngan lumpatna 
kana niat.
tapi diasupkeun hanteu cicis na kang deny?
 by
----- Original Message ----- 
From: "denysuwarja2k" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, September 15, 2006 10:04 PM
Subject: [Urang Sunda] Kunci diiwat kunu zjuriiiiiiiiiiiiiig!


> Tadi sore jam 15.15 kuring asup ka mal Jogja di Jl. Siliwangi Garut.
> Sanggeus markir mobil butut "si kukut", kuring asup ka toko
> baju/calana. da niatna oge rek meuli calana panjang. Rumasa
> ngagendutan awak teh. Calana anu dipake oge meni mereketengteng teu
> asup kana cangkeng.
> Bari naek eskalator, konci mobil teh dikeukeuweuk we.... Kitu deui
> bari milih calana.
> Sanggeus aya anu cocok ukuran jeung modelna, kuring nyobaan eta calana
> di kamar pas. Si konci teh diasupkeun heula kana calana anu dipapake
> ti imah (anu sereg tea).
>
> Kaluar ti kamar pas, nya terus menta bon. Da cocok pisan calana teh
> boh modelna boh nomerna. Terus weh dibayar.... Sanggeus nyokot barang
> di tempat pengambilan barang.  Kuring turun ka lantai handap. Da
> harita teh meuli calana teh di lantai 4.  Di lantai 3 papanggih jeung
> urut kabogoh anu keur anteng milihan baju jang si bungsu.
>
> Sanggeus sababaraha waktu, kuring karak sadar! Kunci leungit!!!!!!
> "Ari konci di Ibu????" cekeng teh ka pamajikan.
> "Ih, duka apanan tadi dikeukeuweuk. Cing taroskeun ka SPG di lantai 4
> tadi. Bisi tinggaleun!"
>
> Deregdeg kuring lumpat, henteu we dudupak ka batur. Da lumpat bari
> baluweng. Manggihan si SPG tea. "Teh konci mobil teu? digantungan
> dompet konci hideung?"
> "Har, apanan tadi dicepengan ku Bapak. Didieu tah tadi teh abdi
> ningal" waler si SPG bari nunjukeun lebah mana manehna ningali kuring
> nyenyepeng konci.
>
> Deregdeg, lumpat ka kamar pas, bisi tingaleun atawa ragrag. Lebeng.
> Deregdeg, lumpat ka Satpam (di lantai 1), ngalaporkeun bari menta
> bantuan pangneangankeun. Manehna langsung ngontak ka sakabeh operator
> satpam di lapangan supaya neangan konci tea.
> Deregdeg ka bagian informasi, menta dipangumumkeun yen sing saha anu
> manggihan konci mobil jeung STNK atas nama Syafei Hamzah (lanceuk
> kuring) poma kudu diserahkeun ka bagian informasi!
> Sababaraha kali diumumkeun, antukna... kabeh SPG anu teu sibuk mah
> marilu neangan. Baju, calana anu dina box kabeh di aduk-aduk!
>
> Lebeng teu aya...inget... ah boa-boa tingaleun dina mobil (geus puguh
> apanan tadi dikeukeuweuk!). Deregdeg deui lumpat ka tempat parkir!
> Panggih jeung tukang parkir, "Kang punten upami aya jalmi, nyandak ieu
> mobil kade ulah dikaluarkeun. Koncina tadi ragrag jigana. Ayeuna nuju
> dipilarian!"
>
> Kuring jeung si tukang parkir, hantem luha loho ka jero mobil. Bisi
> tingaleun di jero!  Aya opat kali mah!  TETEP TEU AYA!  Mangkaning
> karak sapoe, STNK-na beres... karak 2 poe eta di BBN make ngaran
> lanceuk kuring.... bari beak duit lain saeutik....ari pek ngadon leungit!
>
> Deregdeg deui lumpat ka lantai 4, meakeun kapanasaran. Geus era ku SPG
> jeung ku satpam. Tapi kuring teu paduli....
> Lebeng...Ngahuleng...Ngaheneng!
> Ahirna mah pasrah, bari menta tulung ka Gusti Allah rumasa kuring loba
> dosa meureunan. Kuring ngalenghoy, pasrah...ari balik mah pasti bisa
> (da boga konci cadangan dina loket!)
>
> Bari leumpang ngalenghoy. KUring turun ka lantai dasar. Sajeroning
> leumpang kuring terus, istigfar. Terus ngodok saku, karasa aya duit
> pamulangan meuli KOMPAS (meuli KOMPAS tadi teh, da aya berita kuring
> jeung babaturan geus ngadu ka DPR perihal Ujian Nasional tea!).
> Gerendeng weh, hate teh nyarita:"Duh Gusti, upami eta konci kapendak
> deui. Abdi bade, ngalebetkeun ieu artos kana koropak masjid sadayana!"
>
> Jrut weh, ahirna mah turun jeung pamajikan.  Bari kuring meureun ku
> naek kana panto bagasi. Da konci cadangan mah teu boga.  Na atuh....
> aneh bin ajaib. KONCI TEH, BET AYA NGAGOLER DI LUHUREUN JOK HAREUP!
> (Padahal kabeh kaca panto jeung jandela narutup!)
>
> Sidik tadi uing aya kana 4 kalina jeung tukang parkir. Mariksa, euweuh
> apanan!
> Tapi naha ayeuna bet jadi aya?????
>
> Kumaha tah?????
>
>
>
> 15 September 2006
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________ NOD32 1.1757 (20060914) Information __________
>
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
>
> 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke