|
Naaaattt Irpan silaing teh kabina-bina teuing, pirana ge ngan saukur ngabacot make basa nu alus da teu menta teu meuli, ngan saukur engap wungkul?! Heheh bisa geuning dewek make basa songong euy! Lain teu wani, ngan dewek mah hayang ngahargaan diri sorangan. Ari jalema ngomong teh pan sarua jeung ngomong di jero guha, naon nu kuurang diomongkeun pasti aya urutna siga sora urang sorangan lin? Mun dewek songong ka batur, pasti batur ge moal sopan ka dewek euy!....Bet urang Jepang oge nu sakitu sorana siga nu sesentak, ngaheulakeun undak usuk basa jeung sopan santun, ari urang Sunda nu katelah gede kaera, sok mamandapan, handap asor kalahka disebut munapek?! Hihih hapunten baraya, nuju diajar songong Pami kecap2 nu diluhur dilarapkeun kana basa nu sok dianggo ku abdi pasti batur teh nyangkana : 1. Siga sanes istri 2. Nuju ngambek 3. Teu diwurukan ku sepuh abdi ngeunaan sopan santun (budak mah kumaha kolot lin?) 4. Teu nyakola 5. Salah gaul 6. Seep obat....heheh...siga nu teu damang...alias siwah. 7. Cing aos sing tenget ti nomer 1 dugi ka genep pami aya nu kalangkung, mangga tambihan...
Usul yeuh panitia, kumaha pami HBH engke Cep Irpan teh dipaparin Mapanas Award? ro2
irpan rispandi
<mr.rispandi@
Cikan baraya anu sok make basa lemes.__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang sia nuju leleson... Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang sia nuju le... Buyung
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang sia nuju le... irpan rispandi
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang sia nuj... yana sugiarna
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang sia... irpan rispandi
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang... Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang... ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng ... irpan rispandi
- Re: [Urang Sunda] tuang aing sar... Kang Ule
- Re: [Urang Sunda] tuang aing... brad porenges
- Re: [Urang Sunda] tuang aing... surtiwa surtiwa

