Stuju pisan Mang J...
Mung punten bade nambihan sakedik, sanes bade manjangkeun masalah boh
kumaha. Kahariwang abdi (tur meureun aya hiji-dua nu sanes), ku teu
imbangna wartos teu sedep ngeunaan urang sorangan (otokritik?) jeung
ngeunaan batur ("ngagogoreng batur?} bisa janten masalah.
Anggota milis ieu memang tangtos papada pinter. Hanjakal akses ka info
tiasa janten benten tiap anggota, aya nu diwatesan waktos, bandwith.
Mun hayeuh we di'bombardir' warta teu sae ngeunanaan agama sorangan nu
teu dibarengan analisis ahlina ceuk abdi mah tiasa ngamunculkeun rasa
minder (inferior?) nu kaleuleuwihi. Komo deui kaayaan di alam nyata
unggal poe geus nunjukkeun kakurangan eta. Akibat nu leuwih jauh mah
nya bisa ngurangan kayakinan urang, tapi meureun ta mah jauh teuing...
Janten masalahna dina akses nu saimbang. masalah eusi mah saur Bah
Willy oge anggota ieu milis tangtos tiasa ngabedakeun mana nu sae mana
nu goreng.
Hapunten pami lepat
Baktos
Yudi
--- In [email protected], "kamalinaan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> baca e-mail awal kuring teu? kuring nulis di awal, alusna...
> ari alusna mah beda jeung teu meunang.
>
> kieu pikiran kuring mah.
>
> urang sunda teh lolobana ngagem agama islam. tah kanu sok posting
soal kagorengan urang sorangan-papada umat islam- naon niatna?
>
> ari cek sangkaan kuring mah, meureun ieu oge, niat batur-baraya
> kusnet- nu nyemplungkeun perkara beja soal nu goreng2 di urang,
> meureun, pikeun otokritik. sabab urang oge umat islam, nya sugan
bisa pikeun ningkatkeun kualitas kaislaman urang.
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/