Kang Poréngés,

Sigana mah akang mah henteu sadar kana "adagium" dina perkara buku nu unina kieu: "Jalma nu nginjeumkeun buku éta téh jalma bodo, tapi jalma nu mulangkeun buku nu diijeum éta téh jalma siwah...". Eta téh GM nu nyarita, enya maksud téh Gunawan Muhammad, wartawan senior. Teu apal, naha "adagium" GM atawa GM ngan saukur nyutat. Tapi ieu adagium téh geus jadi "kaimanan" para kutu buku. GM nuluykeun "khutbahna" kieu: "Pék bae rek nginjeum naon baé ti imah uing, asal ulah nginjeum buku".

Nyéta atuh, sok keuheul ka anu sok nginjeum buku tapi tara mulangkeun téh. Manéhna teu sadar yén éta buku téh langka, meunang hésé capé néangan. Tapi, sabenerna mah, teu kudu langka baé ari rék ngahargaan buku mah..

Hiji waktu Bung Hatta ambek gedé ka alona pédah si alona téh mulangkeun buku Bung Hatta tapi aya tapak nikelkeun di sababaraha kaca. "Silaing kudu ngagantian buku aing, téangan nepi ka kapanggih buku sarupa kitu, montong datang ka imah aing lamun can kapanggih".

Ku kuring mah éta adagium téh dikeunakeun ogé kana kasét. Keuheul kabina-bina basa babaturan kuring ngaleungitkeun kasét "Turn of a friendly card" Alan Parson Project jeung "Mountains dance" Dave Grusin. Rék ka mana deui néanganana...


Salam,
AJ

brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula boga buku "The stupid question and the funny answer", hanjakal aya nu nginjeum teu dipulangkeun deui euy!


.