hehehe, mani rame euy nu mairan kang irpan. jadi
ateul, rek milu noong yeuh. cing urang toong lah. 

perkara basa, urang bagi dua gundukan: basa songong
jeung basa merenah. kalakuan oge dua gundukan:
kalakuan hade jeung goreng patut. lamun ku urang
dijieun relasi, bakal manggih opat model jelema:
basana songong tapi kalakuanna hade; basana songong
kalakuanna oge goreng patut; basana merenah kalakuanna
oge hade; jeung basana merenah tapi kalakuanna goreng
patut. 

meureun interpretasina bisa jadi kieu: jalma nu basana
merenah sarta kalakuanna hade, disebutna KAYUNGYUN.
ari nu basana songong jeung kalakuanna goreng patut,
disebutna NONGTOROGAN. ari nu basana songong tapi
kalakuanna hade, katelahna MURAH BACOT HADE CONGCOT.
tah meureun nu basana hade tapi kalakuan kurang hade
mah disebutna MUNAPEK tea.

tah ayeuna urang toong, faktor naon nu mangaruhan
relasi antara amalan basa jeung malan pagawean. jigana
dipangaruhan ku dua rupa: eusi sirah jeung eusi dada.
kulantaran kitu supaya amalan basa sajalan jeung
amalan pagawean, nu kudu dirobah teh eusi sirah jeung
eusi dada. pek geura eksperimen, ganti eusi sirah
jeung eusi dada jelema ku bobogaan embe. gede
kamungkinan uapama ieu eksperimen dilakukeun, bakal
ngahasilkeun makluk anyar, anatar basa nu dipakena
bakal salawasna sarua jeung amal pagaweanana. satuju
baraya?

salam,
mh


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke