waalaikumsalam.

kang Malki 'guslaw', eh 'tea' nya.
aya tokoh nu tabah kana perkana pupujian sarta nadoman
teh, nyaeta abah Surya tea. nu ayeuna nuju teu damang.
tah sahiji karya si abah teh diantarana tos rengse
ngadamel tafsir Al-Qur'an dina wangun pupuh Sunda. ieu
tafsir katelahna 'Nur Hidayahan'. pikeun pangiringna,
oge tos disusun serial nadoman 'Nurul Hikmah', nu
sumberna ti 'Nur Hidayahan' tea. 

upama akang seja nyukcruk perkara nadoman tea, tegep
jigana upama nepungan anjeunna.

salian ti eta, perkara pangersa Hussein
Djajadiningrat, jigana salah sahiji informasina tiasa
ditoong dina kalawarta 'Pusaka Sunda'. 

salam,
mh

--- malki_tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> assalamu'alaikum
> punten ka saderek manawi gaduh iber, bewara atanapi
> maklamat, 
> kalereusan abdi nuju ngadamel penelitian, tapi sanes
> kangge tesis 
> atawa disertasi, tapi kangge, ceuk urang dieu mah
> personal Research, 
> kumargi abdi gaduh minat kana dunya Islam di alam
> Melayu-indoensia, 
> termasuk islam dikasundaan, kantos ngobrol sareng
> kang Tatang, 
> supados langkung sae, panginteun saderek-saderek aya
> saran tur 
> bewara,  tah nu kahiji, urang teh tos uninga ka nami
> Pangeran Aria 
> Hussein Djajadiningrat, malah upami teu leupat mah
> jalmi nu kahiji 
> nu kenging gelar professor dibidangna zaman walanda,
> malah jadi 
> babaturan jeung jang snouck, tapi upami teu leupat
> asa teu acan 
> ngadangu jalmi nu nyerat perkawis anjeunna, boh
> tesis, disertasi 
> atanapi artikel, khususna kontribusi pamikirannana
> kana islam tur 
> kasundaan, atanapi artikel nu ngajentrekeunnana
> perkawis hayat 
> hirupna, kantos abdi menakkan di salah sahiji
> jurnalnu aya 
> diperpustakaan dimana abdi sakola tahun 1890-an,
> ngan diseratna dina 
> bahasa walanda, janteun rada riweuh tah. teras nu
> kadua, andi rada 
> ka inspirasi ku pun nini nu ayeuna tos nincak 98-an
> yuswana, tapi 
> masih keneh apal kana pupujian, panginteun anjeunna
> waktos tipayun 
> talab ilmu ti guruna teh ngange cara ieu, tapi asa
> teu aya nu 
> ngayakeun penelitian khususna bidang islamic
> folklore kumaha 
> berkembangna islam ku cara ieu, saha nu ngadamel
> pupujian ieu teh, 
> naha sami teu pupujian nu aya digarut, ciamis sareng
> tasik, punteun 
> kaleureusan abdi bade niliti di tilu kota, pokokna
> mah seueur lah 
> patarosan2. kukituna manawi saderek, aya nu kantos
> ngadangu aya 
> jalmi nu tos nyerat khususna di IKIP sareng UNPAD,
> atanapi aya buku, 
> atanapi manuskrip, bingah pisan abdi ngadanguna,
> sareng mugia 
> dibaleus kunu sae. amin. keleureusan, abdi ngayakeun
> riset nu sanes 
> dibidangna kumargi kapincut ku perpustakaanana,
> janteun leubar upami 
> teu ngariset bidang nu sanes.
> 
> sakitu heula
> wasalam
> malki


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke