Ciren jalma nu solatna husu
Katingal tina polah tingkah sapopoe
Nyinglar ti sagala larangan agama jeung dari gama
Nyumponan sagala papagon ti nu Maha Kawasa
Tara uruy ku ningal harta barana tina hasil curaling, korupsi atawa maling
Tara gendag nyireng nu mencrang herang
Sok inggis ngalakon lampah anu ngalanggar norma
Sok sanajan taya jalma anu mirosea kana tingkahna.
Mungguhing ngan sieun ku hiji, Nu Maha Ningali
Ucapna tara nyelekit ,ngaraheutkeun hate batur
Tinglah polahna pikaresepeun batur
Teu aya hate nyungkelit pinuh ku rasa sirik pidik
Teu boga rasa suudon, ngewa ijid kanu leutik somawonna kanu kaya
Istuning kumelendangna nengtremkeun nu tideukeutanna
Mun pagawe , gawena sumanget ngalayanan anu
kuduna dilayanan
Remen nyieun cukang keur kalacaran pangabutuh batur, tapi lain kolusi
Remen mapag kahayang jalma rea, tapi lain keur nyumponan pangabutuhna
Nyinglar menta atawa pupurun memeh mantun, komo nonjog congcot batur mah
Mun padagang, tara nurunkeun timbangan jeung ukuran
Tara boga niat numpuk numpuk barang ,tapi balarea kokoceakan neangan barang.
Neangan kauntunganana basajan
Jujur, someah , tapi lain munapek.
Istuning tingkah paripolahna matak jadi nineung balarea..
Wassalam
Wilujeng mapag sasih romadhon
Niskala Senja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Niskala Senja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cindeukna..mah..kitu! sidakeup simuku tunggalcicing teu geder kuangin,kawas gunung nu teu soramuput ngabaladah kolbu, turun pancadriakarem sagara hirup-huriproh madep, cahaya madep.
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]fr> menulis:Boa - BoaKuhoyong sajadahjanten "alketip ngapung"jajap warugadeuheus Saliraka Sidratul MuntahaRaga madep BaetullahKalimah takbir di ucapbabacaan ngagerendengmaca ayat ditarikkeunditutup ku aweuh salamtapi,emutanangger ngalalanakamamana-kamamanaGusti,Rakaat demi rakaatnu diadegkeunto'at dawuh Isro Mirajboa - boangan saukur dianggap:olah ragaku Saliraboa-boaboa-boaParis 19 September 2006
Découvrez un nouveau moyen de poser toutes vos questions quelque soit le sujet ! Yahoo! Questions/Réponses pour partager vos connaissances, vos opinions et vos expériences. Cliquez ici.
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
Kirim email ke

