Muhun Mang..
basa Kopdar di Teh Imas oge dibahas ngeunaan ieu teh..
meh pas paamprok teh, langsung apal saha-sahana.
Bade disadiakeun pikeun anggota Kusnet nu hadir,
nu teu hadir mah moal. heu...heu... puguh we nya...

Enya, acara wawanohan teh paling resep. Maju ka hareup
saurang-saurang, jiga harita di Cimalati. Tapi 30 urang
ge meakeun waktu 1 1/2 jam. Tah, mun nu hadirna 300 ? atuh 
bisa sapopoe meureun nya ? heu heu..
karunya goreng guramehna kaburu tiis.

Acara wawanohan tetep diayakeun, tapi ku cara nu praktis
we, keun eta mah bagean nu ngurus acarana.

jadi....kaping 4/5 Nopember 2006, diantos di Garut ...

-dul-





--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sae tah ideu teh. mangga ka panitjia. hehe. tapelkeun dina kopeah 
oge kaci.
> 
> ari kapungkur mah, unggal kongress, acara teh dibuka ku wawanohan. 
bagean
> acara nu pikaresepeun, masing2 sina nepangkeun karep. aya nu 
wanter, aya nu
> ehem2, isinan, aya nu lucu, jeung sajabana. tapi da ari seueuran 
mah moal
> langsung apal. komo ka nu tukang nyumput mah.
> 
> 
> 
> On 9/20/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Assalamualaikum Wr. Wb.
> >
> > Sapaliwat Abdi kungsi maca imel ti Kang Ndoell, ngeunaan HBH di 
Garut.
> > Rumasa jadi jalma kiper. Sok sanaos masih sasasih keneh, malihan 
mah sasasih
> > langkung, seja bade masihan usul we hususon kanggo panitia HBH.
> >
> > Kumaha pami panitia nyayogikeun sarupaning "name tag", kanggo 
baraya US nu
> > dongkap. Sanes kunanaon, supados proses 'wawanohan' katut 
silaturahmi na
> > langkung anteb. Supados teu poekeun teuing saha-sahana. Da Abdi 
mah rumasa
> > teu terang rupi sadaya baraya US, kitu deui baraya US teu 
sadayana terang
> > rupi Abdi. Katambah Abdi mah sok inggisan bin eraan. Nyempod we 
jigana teh
> > di juru, ngarasa taya nu wawuh, jiga waktu kopdar di Subang tea.
> >
> > Ketang eta oge mung saukur usulan. Disatujuan atanapi henteu na 
mah kumaha
> > panitia. Sarengna deui tacan tangtos Abdi dongkap henteuna kana 
eta acara.
> > Nanging, pami aya widi ti Alloh mah insya Alloh dongkap.
> >
> > Mangga ah....
> >
> >
> >
> > Baktos,
> > OTA   
> >
> 
> 
> 
> -- 
> geocities.com/mangjamal
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke