|
Poe kamari kabeneran teu kabagean
ngajemput Aiko ti sakola, da ibuna bada lohor geus rengse diajar basa ku
volunteer. Balik ka apato teh meh jam 9 peuting, teu kaburu ngabandungan dongeng
Aiko di sakolana.
Tadi isuk-isuk, barang hudang Aiko geus
rame ngadongeng, cenah kamari aya lini. Kuring rada bingung, dimana aya lini,
jawabna di sakola cenah. Jam sabaraha, jam 10-an cenah, naha kuring di sakola
teu ngarasa, meureun pedah di lantai 5 kitu. Terus muka internet, bisi aya
wartana lebeng teu kapanggih.
Terus ku kuring ditanya, basa aya lini
kumaha, der manehna ngadongeng. Mun aya lini cenah, sabisa-bisa nyokot heula
baju nu warna koneng (disebutna baju pelindung), terus pake bari neangan tempat
nu sakirana bisa nahan mun aya nu ragrag ti luhur. Terus ceuk manehna, sabab aya
lini, bisa aya oge kahuruan, tah lamun urang di tempat nu loba jalma, kudu
buru-buru kaluar, ngan kade pisan cenah "Osanai". Naon tah ceuk kuring, hartina
tong ngodorong batur nu aya di hareupeun urang, sabab lamun nu di hareup labuh,
tangtu urang bakal labuh, ahirna teu bisa kaluar, kitu teh bari prak nyontokeun
kumaha cara kaluar, leungeun jeung suku kudu kumaha. Sanggeus kitu engke bakal
dateng mobil pemadam kebakaran tur memang eta mobil teh aya datang ka
sakolana.
Terus kuring nanya deui, bulan kamari aya
lini di sakola ? Jawabna teh aya ... ahirna kuring ngarti, sihoreng poe kamari
teh diajar kumaha nyalametkeun diri mun aya musibah, boh lini atawa kahuruan, nu
rutin unggal bulan diayakeun di sakola-sakola ti mimiti TK.
Cag ah ...
budhi
kurono kopo 241
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan HBH di Garut mj
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan HBH di Garut ndoell
- [Urang Sunda] Aya lini Budhi Setiawan

