Ceuk stereotip mah, cenah urang Cina teh etos gawena luar biasa. Ku 
hade-hadena digawe, Walanda ngadatangkeun Tiong Hwa ti tanah 
luluhurna keur ngawangun rel Kareta api di urang. Etnik Cina nu 
ngawangun rel KA Bogor Sukabumi, "ngajarkeun" padumuk asli nyieun 
taoge jeung cara masakna. Salah sahijina pasakan taoge ....ah naon 
geuning aranna teh, sok dijualan di jalan Raya Bogor-Sukabumi 
(parungkuda). Pun Bojo mah, kudu we meser ari ngaliwat ka palebah 
dinya teh, maklum urang SMI.

Urang Cina di Kalbar, didatangkeun ku Sultan Sambas keur nambang 
emas. Bakating ku loba, di Kalbar, aya kota padumukna 80% urang Tiong 
Hwa, aran kotana oge ngaharib-harib aran di "tanah luluhurna", nyaeta 
SIngkawang. Tapi beda jeung di Jawa, di Kalbar, papangna di 
Singkawang, "kaum sipit" ieu marariskin, malah bisa leuwih miskin ti 
padumuk asli.

Di taun 1982, di Pontianak atawa di Singkawang, lamun urang lalajo 
bioskop, memeh der film diputer, urang kudu nangtung heula, 
ngaregepkeun lagu Indonesia Raya nu diputer. Ceuk cenah, keur 
ngagedekeun rasa kabangsaan urang Kalbar, pangpangna etnik Tiong Hwa.

Aya kajadian lucu, waktu kuring di Singkawang. Harita teh kuring rek 
dahar, neangan restoran Muslim, da lolobana mah restoran teh menuna 
daging babi. Nanyakeun ka si Engkoh, na ari pok teh kieu :
"Sebelah sanah ....ada lumah makan buat olang Indonesia ....". Keur 
si Engkoh Indonesia teh identik jeung Muslim. Jadi Rumah Makan Padang 
oge disebut Rumah Makan keur urang Indonesia.

Urang Cina oge kasohor wani nyandak resiko. Wani usaha jeung 
investasi, neangan untung tapi wani rugi. SIfat ieu sigana mah aya 
hubunganana jeung karesep maranehna kana ngadu(=judi). Keur urang 
Cina eleh ngadu atawa rugi dina usaha, sarua wae darajatna, eta 
kaasup resiko hirup.


Baktos,
WALUYA

-- In [email protected], netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Sae2, ngomong2 Etnis China meni aya di mana2 nya, sareng sarukses 
deuih,
>   Khusus Di Asia Tenggara,boh indonesia,malaysia, Thailand komo 
Singapura  mah Etnis China memang  berpengaruh pisan dina widang 
Ekonomi. Ti  mimiti toko2 kecil di tiap kota/kabupaten dugi ka 
perusahaan ageung  sapertos Sampoerna. Eta nu gaduhna Orang China. 
Malah Etnis China  berkonotasi Etnis Beunghar. Matak aneh upami di 
Indonesia Orang China  Miskin. 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke