Heuheu...

Saaeutik mah hampura we atuh, da eta mah salah letah wungkul, maksudna mah kadinya2 keneh. Kawas urang nyebut "astagpiruloh", anu maksudna mah "astaghfirullooh". Tapi memang leres, upami nalika ngaos Qur'an mah, satiasa2 kedah leres tajwidna.

Ngeunaan tajwid, peryogi kauninga ku sakumna urang Sunda, yén tajwid téh lain ukur aya nalika maca Qur'an. Dina maca tulisan Sunda gé, beheula mah, cenah, aksara latén téh aya tajwidna ogé. Kieu contona,

- "n" paéh nyanghareupan "p" atawa "k", dibacana jadi "ng"; conto: manprét dibaca mangprét, manpaat dibaca mangpaat, mankreng dibaca mangkreng, mankukna dibaca mangkukna, bankong dibaca bangkong.
- "n" paéh nyanghareupan "j", dibacana jadi "ny"; conto: panjang dibaca panyjang, banjur dibaca banyjur, kanjut dibaca kanyjut, pakénjéng dibaca pakényjéng, anjing dibaca anyjing.
- "n" paéh nyanghareupan "b", dibacana jadi "m"; conto: anbek dibaca ambek, anbuing dibaca ambuing, kenbu dibaca kembu, enbung  jadi embung.

On 22/09/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Edun euy....masalah free translation mah Kang Kumi emang jago na. Nambahan sauted ah. Kalipatulah teh tina kecap Khalipatullah nu hartosna sakumaha diserat ku Kang Kumi di handap, pamingpin/wakil Gusti Alloh. Pami Kalipatulah langsung diartikeun pamingpin/wakil Gusti Alloh, ceuk uing mah kurang merenah. Heuheuheu meureun ketang eta oge....



--
sikandar
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke