kedahna mah universitas padjadjaran, pasundan, tarumanagara, pakuan, siliwangi, singaperbangsa, jrd mayar royalti ka urang sunda, da parantos ngangge nama simbol-simbol kasundaan hehehe....

=======================

Usul sae. Mung "mayar royalti-na " teu kedah ku artos.   Murid SMA nu angka ujian akhirna nu paling alus sa Tatar Sunda meunang miih jang asup ka PT nu disebat tea.  Mayar uang sekolah 10 %, malah mun bisa mah haratis.  Tapi lain haratis ti PT-na, tapi aya US nu beunghar, nyakolakeun eta budak nepi ka lulus ti PT.   US nu beunghar nu sejenna pangmayarkeun "kos"-na. Lebar eta budak uteukan mun teu diteruskeun sakolana ngan ukur pedah ku teu boga ongkos.  Mun hayang US maju, eta salah sahiji jalanna. Hayu urng mimitian ku Perceka.  Euweuh saorang US nu beunghar nu nulung, boa 50 atawa 100 US nu  boga leuleuwihan saeutik urang kumpulkeun di Perceka.  wadahna geus aya Yayasan Perceka ngan kari ngamimitian.  Sok saha nu rek ngamimitian, engke sim kuring ngiringan. Ayeuna mah keur gering sim kuring teh ku panyakit kutud !.  Asana teh teu pararuguh, jauh-jauh ka Amrik ngadon kutud. Nyaho kieu rek cicing we di Cicalengka, da geuning ari kutud mah boh dilembur boh dipangumbaraan,   malah dinagara nu pang maju jeung pang beungharna sarua wae.  Nya eta saruana   rea ngegel curukna!

Abah Joe

 

 



 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke